Ringkesan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kataji ku kasoléhan Wiratanudatar anu antukna ménta diwurukan bagbagan élmu kamulyaan hirup. Wiratanudatar ogé kataji pisan ku éta putri jin nepika wani ngadatangan alam jin ménta ka ibu ramana sangkan bisa mileuleuheungkeun Nyi Éndang Kusumah nepi ka oléng pangantenanana; malah nepi ka boga turunan, lalaki-awéwé. Anu lalaki dingaranan Aria Suryakancana, anu awéwéna dingaranan Radén Ajeng Éndang Kancana. Salila-lila hirup di alam jin, Wiratanudatar sok rajeun inget ka alam manusa; inget ka lemburna jeung inget ka ibu ramana anu antukna kasurti ku Éndang Kusumah. Wiratanudatar turun deui ka alam manusa – ka Sagarahérang – nepi ka boga pamajikan, ogé ngarundaykeun turunan nepi ka maotna. 2. Carpon Di Pasaréan nyaritakeun buyutna si “Kaula” anu geus dikurebkeun di Wates. Ari Wates téh tempat anu geus turun-tumurun dirusiahkeun, nya aya karep hayang kapanggih raratanana, naha mani nepi ka dibunikeun sagala. “Kaula” nyorang lalampahanana téh henteu sorangan, babarengan jeung Ki Megat. Bada solat subuh Ki Megat hariweusweus bangun anu geus manggihan nanahaon.Barang disalusur horéng kapanggih aya imah leutih hateup injuk anu di jerona aya nu nungguan, jalma anu geus kacida kolotna, sok majar disebut Olot.Olot nyaritakeun kumaha- kumaha waé piwuruk buyut “Kaula” téh.Sakabéhna dicaritakeun.Tuluy Olot ngajakan “Kaula” mapay-mapay leuweung anu antukna nepi ka pajaratan. Moal salah deui éta téh pajaratan buyut “Kaula”.Laju didungakeun sangkan salamet dunya ahératna. Sabada éta, ras inget naha éta tempat téh dingaranan Wates. Horéng sabada dilelemah mah sagalana gé aya wawatesanana.Rék awak, alam sakuriling jeung anu lianna geus puguh patokanana. Laju “Kaula” nanya ka Olot naha éta pasaréan téh dingaranan Wates. Mimitina mah ngajelaskeun ti mimiti perang buyut “Kaula” nepika Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngalolosna.Tapi anu leuwih jero deuina mah kecap Wates téh mangrupa hiji siloka hirup yén urang téh hirup kudu pinuh ku aturan, kudu puguh palanggeranana ulah sagawayah nandangan hirup.Hirup téh lir ibarat buuk dibagi tujuh – ngagambarkeun jembatan Sirotol Mustaqim – anu dimana urang bisa ngaliwatanana tangtu urang bakal pinanggih jeung kabagjaan surga.Béda deui saupama urang tisolédat, tangtu urang téh bakal pinanggih jeung cilaka naraka. 3. Carpon Rerempon nyaritakeun kaguligahan rasa Radén Raksagati anu indit ka padaleman mélaan kasangsaraan rahaya bari dibarengan ku Ki Jelat. Ka padaleman téh saenyana mah rék nepungan adina – anu jadi dalem. Nya kitu téa ceuk saliwat kayakinan mah rék mélaan rahayat anu katideresa. Geuning kayakinan anu samodél kitu téh samar. Da geuning matak indit ka padaleman téh pédah ngadéngé yén kuburan Ramana Radén Raksagati rék kasabet ku jalan anu rék dijieun jalan ku Kumpeni – tangtuna alatan Rai Dalem anu nyatujuan kana éta rencana Kumpeni anu rék muka lahan keur nyieun jalan téa. Di padaleman téh tangtuna Radén Raksagati gugujrudan jeung adina nu pabéntar paham jeung manéhna. Da dina ieu carita pondok dicaritakeun kumaha lalampahan Radén Raksagati anu susulumputan jeung Ki Jelat ngalolos ti para kapetengan adina anu keur ngarudag. Nyumput dina rembetna tatangkalan sabadana ngadagoan salila-lila di sisi walungan anu keur caah umpalan. Ari geus meuntas mah laju indit ka tempat panyumputanana sabada papanggih jeung Aki Mayuki anu mukakeun lawang guha keur manéhna. 4. Carpon Pasang Subaya nyaritakeun lalampahan hiji Dalem pamingpin anu rék ngajorag tegal jarong pédah rék papanggih jeung Dira – kapala karaman anu purah nyieun karusuhan. Sanggeus ngaliwatan tegal jarong, eureun di pencelut batu – Dalem jeung Dira papanggihna lebah dinya. Sanggeus sabaraha lila, duanana ngawarangkong nepikeun maksud anu keur dikemu ku masing-masing. Dalem nepikeun keretegna anu manghanjakalkeun Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu naon anu dilakukeun ku Dira purah nyieun rurusuhan téh matak nyangsarakeun rahayat.Kitu ogé Dira, nepikeun keretegna yén kikituan téh – nyieun karusuhan – pédah geus bosen nempo rahayat anu sangsara. Beuki ka dieu paguneman beuki ragot. Dira nanya ka Dalem naha bet leuwih milih ngaula ka deungeun-deungeun – sigana mah maksudna ka Walanda atawa ka Jepang dina mangsa harita – nguruskeun kebon kopi anu nguntungkeun bangsa deungeun daripada ngabagéakeun rahayatna. Jeung deuih naha loba dalem atawa para ménak anu ngan saukur mentingkeun kapentingan soranganana, babanda pupulut pakaya keur ngabeungharkeun dirina séwang-séwang. Dalem ngajelaskeun jawaban tina patalékan Dira. Nu matak Dalem milih jalan kieu téh da puguh geus aya jalanna séwang-séwangan.Dalem ogé némbal ulah nyaruakeun sakabéh Dalem atawa ménak téh boga talajak anu goréng kabéh.Da pasti aya kénéh anu paduli mikiran kumaha nasib rahayatna. Lamun kadaleman sakabéhna dicekel lain ku nu paduli ka rahayat, tangtu baé rahayat bakal beuki sangsara. Pondok carita, Dalem meredih sangkan Dira ulah nyieun karusuhan deui sabab talajak kitu téh matak nyangsarakeun ka rahayat.Pon kitu deui jeung Dira, geus nepikeun keretegna ka Dalem ngeunaan kaayaan anu kaciri ku manéhna. 5. Carpon Apun Gencay nyaritakeun Apun Gencay urang Cikembar anu jadi béntang di lemburna. Apun Gencay katelah panggeulisna sarta dipikahayang ku jalma réa boga papacangan urang Cipamingkis. Papacanganana urang Cipamingkis geus boga karep lamun datang usum panén bakal datang ngalamar ka Cikembar. Tapi salila ngadagoan usunm panén téh aya ménak anu mileuleuheungkeun Apun Gencay ka kolotna. Ku kolotna téh dibaékeun, Apun Gencay dipasrahkeun ka éta Ménak. Apun Gencay dijieun selir da ménak anu mileuleuheungkeuna téh puguh geus boga pamajikan. Apun Gencay laju dibawa ka Cianjur. Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sanggeus Apun Gencay ngarasa betah cicing di Cianjur jadi selir Dalem Wiratanudatar, dina hiji mangsa, ka Pajuaran Kangjeng Dalem téh aya nu nyampeurkeun. Barang ku dalem disampeurkeun, Dalem langsung dibedol laju palebah manahna téh ditewek ku condré.Nu newekna diudag laju galungan. Puguh waé jadi éar sanagara.Apun Gencay milu kabawa-bawa dipikaceuceub ku balaréa. Ari anu newek Kangjeng Dalem téh lain sasahana, puguh urang Cipamingkis téa anu ku Apun dipikatineung. Matak urang Cipamingkis nepi ka kieuna gé saking ku nyaah jeung kuciwa da pédah baheula kungsi dipegat duriat. 6. Ieu carpon nyaritakeun hiji awéwé anu miharep bisa ngarundaykeun turunan anu pinilih. Manéhna mindeng tatanya kumaha sakuduna lampah anu kudu dilakonan. Hiji mangsa keur ngadu’a di hareupeun Kabah, manéhna panggih jeung lalaki anu ceuk panyangkana bakal jadi cukang lantaran manéhna ngalahirkeun turunan pinilih. Tapi éta lalaki teu narima kana pangajak éta awéwé. Beuki lila éta awéwé beuki baluweng lantaran can manggih lalaki anu bisa diajakan babarengan pikeun ngarundaykeun turunan pinilih téa. Tungtungna mah turunan pinilih geus gumelar di tempan anu lian, lain ngaliwatan manéhna. 7. Carpon Nyingkur nyaritakeun Nyi Putri Damarséwu salakina, Aki jeung Nini Johén anu rék nyingkur da pédah dibeberik ku musuh. Di satengahing lalampahan nyorang walungan, Pangéran Damarséwu mah balik deui,boga maksud sangkan nahan anu keur ngabeberik ambéh ngungudag deui. Damarséwu perlaya sanggeus tarung jeung anu ngabeberik. Di tempat séjén Nyi Putri geus nepi ka Singkur tempat panyumputan anu kacida dirusiahkeunana.Harita téh Nyi Putri keur kakandungan, teu lila laju babar, dibarengan ku béja yén salakina geus perlaya taya di kieuna. Tapi Nyi Putri anger teger, malah boga kayakinan kudu neruskeun perjoangan anu geus perlaya ku Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu budakna. Kudu gedé wawanén, ulah nyeungceurikan anu geus pasti nandangan kana kadar. 7. Carpon Pugerwangi nyaritakeun katunggaraan si Engkang anu ditilar ku pamajikanana nalika ngababarkeun anak kembar, lalaki duanana. Carita katunggara si Engkang diwawaas ku carita rumahtanggana anu kakara sawelas bulan, pamajikanana geus kaburu dipulut ku Nu Maha Kawasa. Da puguh si Engkang mah jalma sabar, jalma kuat imanna,teu katutuluyan ngarumas pédah ditinggalkeun ku pamajikanana. Balik deui kana kabiasaanna anu harita, nyalabarkeun deui élmu agama mapay lembur-lembur. 9. Carpon Du’a keur Umi nyaritakeun lalampahan Kuring anu nyiar agama ka pasantrén-pasantrén nepi ka cunduk di pasantrén Sukamanah, pasantrén H. Zaenal Mustafa.Di éta pasantrén Kuring papanggih jeung Umi Umaro, awéwé anu maheutkeun jangji jeung manéhna. Pondok carita Pasantrén Sukamanah dijorag ku soldadu Jepang anu néangan pemberontak.Kuring ngadéngé béja yén imah Umi Umaro ogé teu kaliwat milu dipapay diacak-acak.Mimitina mah Umi Umaro cicing teu ngalawan, tapi ari nempo kitab jeung Qur’an anu kaluluh katincakan mah Umi Umaro tungtungna mah baruntak ogé.Ti dinya Umi Umaro jeung soldadu Jepang galungan.Ngadéngé aya anu paciweuh di jero, soldadu Jepang anu lianna anu keur aya di luar laju asup.Ti dinya kadéngé sora bedil jedar-jedor.Umi Umaro perlaya ngabéla kayakinana. 10. Carpon Geuning Gamparan Sumping nyaritakeun Mamang anu kasumpingan ku Gamparan.Mamang téh puguh geus lila teu panggih jeung Gamparan.Barang papanggi, Gamparan hayang ngariksakeun alam sakurilingna.Barang ditengetan deui, leuweung-leuweung téh geus loba nu ngarogahala, kai-kai geus pada loba Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu anu naluaran, leuweung larangan geus teu dipaliré deui.Gamparan sumping téh hayang mastikeun yén anak-incuna kahareupna bakal rahayu, bisa nyekel pageuh kana bebeneran. Ieu carpon ogé nyaritakeun kritik ka para pamingpin anu teu bisa ngajaga alam, ukur bisa ngamangpaatkeun bari jeung teu bisa ngajaga ngariksana. 11. Carpon Miang nyaritakeun hiji jalma anu rék miang ninggalkeun tempatna ngumbara.Manéhna geus aya di setasion nalika haténa masih guligah mikiran dirina anu di pangumbaraan hirup nyorangan. Di setasion geus kari sajungjungeun indit. Kahayangna mah miang téh aya anu ngajajapkeun atawa miang téh teu jadi da puguh geus bumetah hirup di pangumbaraan. Sanggeus lila ngalelemah, kahayangna teu burung ngaléngkah nyorang lampah da geus puguh cunduk kana waktu anu geus dipasinikeun. Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran saméméhna, ieu panalungtikan téh maluruh naon waé aspék sosiologi sastra dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana anu dipatalikeun sarta dipaké pikeun bahan pangajaran di SMA. Métodeu anu digunakeun nya éta déskriptif-analitik ngaliwatan studi pustaka jeung pedoman wawancara. Ieu panalungtikan ngawengku tilu aspék: 1 sosiologi pangarang, nya éta riwayat hirup, prosés kréatif jeung interaksi sosialna di masarakat; 2 sosiologi karya , nyaéta nganalisis aspék sosial dina karyana; 3 sosiologi nu maca karya, nyaéta maluruh pangaruh sosial karya kana kahirupan masarakat, anu diwakilan ku kritikus sastra. Tina sosiologi pangarang, kapanggih yén saenyana Yus Rusyana kacida mikacinta kana élmu, seni jeung agama. Éta tilu perkara dipaké tatapakan hirup lantaran sililengkepan sarta méré kanimatan dina neuleuman kahirupan. Ti mimiti SGA Yus geus boga karep hayang neuleuman sastra.Mangsa kuliah, minat kana sastra mimiti tumuwuh jeung beuki kaasah. Ieu kabuktian ku sajakna anu munggaaran dimuat dinaSipatahoenan. Beukidieu, Yus beuki getol nulis karya lianna kayaning carpon, drama jeung esai. Tina sosiologi karya, carpon-carpon nu aya dinaJajatén Ninggang Papastén leubeut ku téma-téma sosial anu ngangkat kahirupan rahayat leutik anu katideresa. Ieu carita diwadahan ku pigura anu matak teu bosen ka nu maca.Lian ti éta, kapanggih ogé yén carpon-carponna nu nyabit-nyabit masalah kapamingpinan nu Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kacida réligius. Ieu katitén tina amanat jeung piwuruk-piwuruk anu ditepikeun ku pangarang dina unggal caritana. Tina sosiologi pamaca anu diwakilan ku kritikus sastra nyebutkeun yén karya-karya Yus Rusyana téh mangrupa karya réalis anu caritana nyampak di sabudeureun urang. Sok sanajan kitu, ieu karya anu réalis téh dibungkus deui ku basa-basa anu puitis sarta merlukeun pamahaman anu jero dina macana. Lian ti éta ogé karya-karya Yus mah mangrupa karya anu dijieun sabada aya studi kasajaarahan heula saméméhna, bohdina ngaran-ngaran tokoh jeung tempat, boh dina guluyuran caritana anu dimamanis deui ku kaparigelan pangarang dina ngarundaykeun kekecapan sarta ngarang caritana. Dumasar kana analisis sosiologi sastra anu tilu éta, bisa dicindekkeun yén: 1 hasil analisis ngeunaan aspék sosiologi pangarang bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca biografi di SMA; 2 hasil analisi ngeunaan sosiologi karya sastra bisa dipaké pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra hususna ngeunaan nulis carpon di SMA; 3 hasil analisis ngeunaan sosiologi nu maca karya anu diwakilan ku kritikus sastra bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya .

5.2 Rékoméndasi

Sanggeus ieu panalungtikan ngeunaan Aspék Sosiologi Sastra dina Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana pikeun Bahan Pangajaran di SMA dilaksanakeun, panalungtik ngarasa perlu nepikeun sababaraha rékoméndasi pikeun kapentingan panalungtikan satuluyna jeung hususna pikeun kamekaran sastra Sunda. Kahiji, panalungtikan sarupa kieu – maluruh aspék sosiologi sastra – perlu terus dilaksanakeun boh ku masarakat akademisi atawa masarakat sacara umum. Anu jadi tinimbangan mah sangkan kapanggih aspék sosiologidina karya-karya