Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 10. Geuning Gamparan Sumping anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 13, Juli 1972; sarta 11. Miang anu kungsi dimuat dinaGondéwa no. 25, Désémber 1972 Rusyana, 1977, kc. 7. Gambar 3.1 Cover Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

3.5.2 Ringkesan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Sangkan méré gambaran ngeunaan eusi buku Jajatén Ninggang Papastén, hususna eusi carita, ieu di handap dipedar ringkesan carita sabelas carpon anu aya di jerona. 1. Carpon Putri Jin nyaritakeun kumaha campuhna suasana haté Wiratanudatar, putra Aria Wangsagorapana, anu ngarasa can sanggup saupama dijadikeun pamingpin sarta keur néangan katingtriman batin. Anjeunna neneda ka Nu Maha Kawasa sangkan dibéré pituduh meunangkeun jajatén dirina ku anjeun; salasahiji carana ku jalan menekung di tempat anu nyingkur Sagarahérang. Dina hiji mangsa keur menekung téh, Wiratanudatar disumpingan ku saurang awéwé anu geulis, katelah puti jin anu ngaranna Éndang Kusumah. Éta putri jin Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kataji ku kasoléhan Wiratanudatar anu antukna ménta diwurukan bagbagan élmu kamulyaan hirup. Wiratanudatar ogé kataji pisan ku éta putri jin nepika wani ngadatangan alam jin ménta ka ibu ramana sangkan bisa mileuleuheungkeun Nyi Éndang Kusumah nepi ka oléng pangantenanana; malah nepi ka boga turunan, lalaki-awéwé. Anu lalaki dingaranan Aria Suryakancana, anu awéwéna dingaranan Radén Ajeng Éndang Kancana. Salila-lila hirup di alam jin, Wiratanudatar sok rajeun inget ka alam manusa; inget ka lemburna jeung inget ka ibu ramana anu antukna kasurti ku Éndang Kusumah. Wiratanudatar turun deui ka alam manusa – ka Sagarahérang – nepi ka boga pamajikan, ogé ngarundaykeun turunan nepi ka maotna. 2. Carpon Di Pasaréan nyaritakeun buyutna si “Kaula” anu geus dikurebkeun di Wates. Ari Wates téh tempat anu geus turun-tumurun dirusiahkeun, nya aya karep hayang kapanggih raratanana, naha mani nepi ka dibunikeun sagala. “Kaula” nyorang lalampahanana téh henteu sorangan, babarengan jeung Ki Megat. Bada solat subuh Ki Megat hariweusweus bangun anu geus manggihan nanahaon.Barang disalusur horéng kapanggih aya imah leutih hateup injuk anu di jerona aya nu nungguan, jalma anu geus kacida kolotna, sok majar disebut Olot.Olot nyaritakeun kumaha- kumaha waé piwuruk buyut “Kaula” téh.Sakabéhna dicaritakeun.Tuluy Olot ngajakan “Kaula” mapay-mapay leuweung anu antukna nepi ka pajaratan. Moal salah deui éta téh pajaratan buyut “Kaula”.Laju didungakeun sangkan salamet dunya ahératna. Sabada éta, ras inget naha éta tempat téh dingaranan Wates. Horéng sabada dilelemah mah sagalana gé aya wawatesanana.Rék awak, alam sakuriling jeung anu lianna geus puguh patokanana. Laju “Kaula” nanya ka Olot naha éta pasaréan téh dingaranan Wates. Mimitina mah ngajelaskeun ti mimiti perang buyut “Kaula” nepika