Wangenan Operasional ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA.

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Numutkeun klasifikasi Wellek jeung Warren, pasualan kajian sosiologi sastra ngawengku aspék pangarang, eusi karya anu aya patalina jeung pasualan sosial jeung aspék pamaca Wellek jeung Warren, 1989, kc. 111 2. Carpon nya éta carita pondok anu mangrupa karangan singget hasil tina beungkeutan ideu. Sakabéh bagian tina carpon kudu museur kana hiji beungkeutan jiwa anu padet tur lengkep Rosidi dina Koswara, 2007, kc. 36. Sedengkeun buku kumpulan carpon nya éta buku anu eusina kumpulan carpon ti saurang atawa sababaraha pangarang. 3. Buku kumpulan carpon anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana. Dina ieu buku euyeub pisan ku téma-téma sosial anu jadi dasar panalungtikan sosiologi sastra. 4. Yus Rusyana, pangarang kalih akademisi Sunda anu lahir di Pameungpeuk Garut ping 24 Maret 1938. Nyuprih élmu di Fakultas Sastra dan Seni IKIP Bandung 1958-1964. Taun 1971 kungsi milu kuliah pascasarjana di Fakultas Sastra Universitas Leiden Walanda. Taun 1975 ngaréngsékeun program doktorna di Fakultas Satra Universitas Indonésia. Buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén anu medal munggaran taun 1988 ku pamedal Rahmat Cijulang meunang Hadiah Sastra Rancagé munggaran taun 1989 Rusyana, 2010, kc. 1. 5. Bahan pangajaran nya éta sagala wangun bahan anu dipaké ku guru, anu ngawengku fakta, konsép, prinsip anu ngindung kana kurikulum, rék tinulis atawa lain, anu méré informasi jeung disusun kalayan sistematis sangkan kacipta lingkungan diajar anu kondusip pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara jeung studi dokuméntasi. Pedoman wawancara dipaké pikeun Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngumpulkeun data jeung informasi ti pangarang sarta kritikus sastra Sunda. Pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara semi struktur nya éta pedoman wawancara anu saméméh prung wawancara panalungtik nyieun heula daftar patalékan anu rék ditepikeun. Sedengkeun studi dokuméntasi dipaké pikeun maluruh aspék sosial pangarang, karya jeung kritikus sastra. 3.4 Téhnik Ngumpulkeun jeung Nganalisis Data 3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta wawancara jeung studi dokuméntasi. Wawancara dipaké pikeun ngumpulkeun data ti pangarang salaku narasumber utama dina ieu panalungtikan ogé ti kritikus sastra Sunda, sedengkeun studi dokuméntasi mangrupa panglengkep pikeun ngawewegan data-data lianna anu ngarojong kana réferénsi panalungtikan.

3.4.2 Téhnik Nganalisis Data

Arikunto 2010, kc. 278 nétélakeun yén gurat badagna mah dina nganalisis data téh ngawengku tilu léngkah dasar nya éta tatahar, tabulasi jeung ngaplikasikeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan. Atuh dina ieu panalungtikan, léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina nganalisis data nya éta: 1. maca karya sastrana pikeun maluruh pasualan anu ngawengku aspék sosiologis dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana; 2. léngkah satuluyna nyaéta nganalisis carpon dumasar kana tiori kajian sosiologi sastra: sosiologi pangarang, karya, jeung masarakat anu aya di jero jeung saluareun karya sastra;