Mangpaat Panalungtikan ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA.

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 bisa jadi sumber référénsi pikeun para mahasiswa jeung kaom akademisi lianna anu nalungtik sastra Sunda; 2 bisa ngeuyeuban produk panalungtikan karya ilmiah tina jihat sastra, hususna pikeun lembaga-lembaga kasundaan; 3 pikeun panalungtik bisa ngeuyeuban pangaweruh; jeung 4 pikeun masarakat sacara umum bisa nambahan kaweruh masarakat ngeunaan kumaha gambaran aspék kapangarangan dina karya sastra jeung kumaha gambaran kahirupan sosial anu diwangun ku pangarang dina karyana. 5 ngeuyeuban bahan pangajaran di SMA. Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN 3.1 Métodeu jeung Désain Panalungtikan 3.1.1 Métodeu Panalungtikan Numutkeun Djahiri dina Heriawan,spk., 2012, kc. 73 métodeu nya éta léngkah-léngkah atawa panta-panta ngalaksanakeun atawa ngahontal hiji hal kalayan maké sajumlahing téhnik. Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia métodeu nya éta cara “teratur” anu dipaké pikeun ngalaksanakeun hiji pagawéan sangkan kahontal luyu jeung kahayang KBBI, 2008, kc. 740. Leuwih jero deui dijelaskeun yén métodeu asalna tina basa Latin nya éta tina kecap methodos. Methodos éta sorangan asalna tina kecap meta jeung hodos. Meta berarti “menuju”, ngaliwatan, nuturkeun, saenggeus, sedengkeun hodoshartina jalan, cara, arah. Wangenan anu leuwih lega deui nyebutkeun yén métodeu téh dianggap salaku cara-cara, stratégi pikeun maham kana réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun maluruh runtuyan kajadian.Métodeu miboga fungsi pikeun ngabasajankeun masalah, sangkan leuwih gampang pikeun dipaluruh jeung dipikaharti Rattna, 2013, kc. 34. Métodeu anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métodeu déskriptif analisis. Métodeu déskriptif analisis mangrupa métodeu anu dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun pakta-pakta anu satuluyna dianalisis. Sacara épistimologis, déskripsi jeung analisis berarti maluruh sarta méré pamahaman jeung ngajéntrékeun sacukupna Rattna, 2013, kc. 53.

3.1.2 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan dina ieu panalungtikan diwincik jadisababaraha panta- panta, nya éta: 1 tatahar jeung niténan buku-buku réferénsi, 2 ngumpulkeun Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu data, 3 nganalisis data, 4 nyieun kacindekan, 5 nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré, alur panalungtikan digambarkeun saperti ieu di handap. Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.2 Wangenan Operasional

Judul dina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di handap: 1. Sosiologi sastra mangrupa salasahiji élmu anu ngulik karya sastra dumasar kana hubungan social masarakatna; masarakat anu dimaksud nya éta pangarang jeung pamaca anu jadi bagian tina masarakatna éta sorangan. Tatahar Panalungtikan Ngumpulkeun Data Nganalisis Data Nyieun Kacindekkan Nyusun Laporan