Mangpaat Praktis Mangpaat Panalungtikan

6 masarakat Kecamatan Subang Kabupaten Subang, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan.

1.4.4. Mangpaat Aksi Sosial

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi informasi jeung gambaran ngeunaan kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang sacara jelas, sarta dipiharep bisa jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang apal kana sagala rupa kabeungharan budaya nu aya di Kecamatan Subang. Utamana ngeunaan unsur-unsur kapamalian.

1.4. Raraga Tinulis

Sistematika penulisan dina prakna nyusun skripsi baris ébréh katingali saperti di handap ieu. 1 BAB I : bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, raraga tinulis. Dina bab ieu eusina ngeunaan konteks tina masalah anu baris ditalungtik. 2 BAB II : dina ieu bab diguar ngeunaan kajian tiori, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tiorotis. Dina bagian kajian tiori, diguar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké ku panalungtik dina prak-prakan nganalisis data panalungtikan. Éta tiori téh ngawengku tiori ngeunaan kabudayaan, folklor, pamali, sémiotik, sarta tiori ngeunaan ajén atikan. Dina bagian panalungtikan saméméhna, ditétélakeun ngeunaan panalungtikan-panalungtikan nu geus dilaksanakeun ku mahasiswa Departemen Bahasa Daerah, nu pakait boh jeung ajén atikaanna boh pakait jeung kapamalianana. Dina bagaian kalungguhan tioritis dijelaskeun kalungguhan tiori-tiori dina ieu panalungtikan. 3 BAB III : metodologi panalungtikan, medar ngeunaan metode panalungtikan, intrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data 4 BAB IV : ngadéskripsikeun data jeung ngabahas hasil panalungtikan, di antarana ngabahas ngeunaan kaayaan sosial budaya Kecamatan Subang, déskripsi kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, déskripsi hasil jeung 7 fungsi aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, sémiotik nu aya dina aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang Kabupatén Subang, sarta analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang. 5 BAB V : eusina ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung rékoméndasi ti panalungtik ngeunaan hal-hal anu aya pakuat-pakaitna salila panalungtikan pikeun panalungtik kaharepna