Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA
2 dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Koentjaraningrat 2009, kc. 145
nétélakeun yén kabudayaan téh mangaruhan kana ajén atikan masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran kabudayaan. Ku atikan urang
bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajén-inajén nu dina budaya bakal managaruhan kana kamekaran atikan.
Ajén ngandung harti pangaji, harga LBSS 1995, kc. 18. Ajén di dieu lain hartina harga nu bisa diukur ku angka tapi ajén di dieu nu aya patalina jeung norma
atawa aturan kahirupan. Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk aturan-aturan nu aya patalina jeung atikan, ngatik manusa sangkan aya dina norma-norma kahirupan.
Atikan numutkeun Danadibrata 2009, kc. 39 nya éta pangajaran kana jalan kahadéan, méré matikan, warah, jeung ngaping.
Dina kahirupan masarakat Sunda, hususna dina atikan kahirupan mibanda rupaning cara pikeun ngaaplikasikeun naon nu dimaksud atikan. Salasahiji atikan anu
aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun hal-hal nu dipahing atawa dilarang, sabab saupama dilakonan atawa dirempak pasti bakal aya balukarna.
Salasahiji hal anu mindeng dijadikeun alat dina ngadidik téh nya éta ngaliwatan kapamalian anu dipaké ku masarakat.
Pamali numutkeun Danadibrata 2009, kc. 489 nya éta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.
Kecap pamali, aya nu gampang dihartikeunana, najan ukur dilelebah, teu saeutik ogé anu bangga nepi ka hésé katimuna ku akal waras. Ku lantaran teu apal nyurahanana,
antukna sok kalah jadi kaheureuyan, majar pamali téh “paman diali”. Taya bédana jeung kecap dongéng anu sok jadi kaheureuyan
“ngabobodo budak céngéng”, tur padahal eusina kawilang leubeut ku ajén atikan Ruhimat, 2006, kc. 41.
Mulkan 2007 dina artikel nu judulna “Pamali, Tradisi Budaya Lisan Leluhur Sunda
” nétélakeun yén pamali nya éta larangan antara ucapan kana hiji hal nu matak mawa balai boh ka dirina sorangan boh ka sabudeureunana. Upamana hal-hal nu
dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan jeung kasalametan. Pamali mangrupa bagian tina folklor. Numutkeun Jan Harold Brunvand dina
Danandjaya, 2007, kc. 21 folklor kabagi jadi tilu bagian, nya éta folklor lisan, folklor
3 sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nya éta folklor anu wangunna
murni lisan. Folklor sabagian lian nya éta folklor anu wangunna mangrupa campuran unsur lisan jeung unsur non lisan. Folklor non lisan nya éta folklor anu wangunna lain
lisan, sanajan cara nyieunna ngaliwatan lisan. Tina éta papasingan di luhur téh jéntré pisan yén pamali kaasup kana folklor sabagian lisan.
Pamali, biasana raket patalina jeung mitos, nu dianggap ku sababaraha jalma minangka carita nu teu asup akal. Ari mitos mangrupa kumpulan carita atawa hal-hal
anu dipercaya sacara turun-timurun ku hiji masarakat. Ku kituna mitos dianggap aya patula-patalina jeung kahirupan manusa di mangsa heubeul. Loba kolot nu masih
kénéh nyekel deleg kana éta mitos. Pamali lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi kapamalian
téh ngandung ajén-inajén pikeun ngatik ku cara dibalibirkeun. Pamali téh miboga sipat nyingsieunan nu eusiana patali jeung cilaka, mamala, jeung musibah sangkan
budak bisa nurut jeung tuhu kana naon nu diucapkeun ku kolotna. Dina ungkara kapamalian ogé, miboga simbol jeung tanda sémiotik
anu ma’nana nyamuni. Sémiotik nya éta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda. Élmu nu nganggap yén
pénoména sosial jeung kabudayaanana mangrupa tanda-tanda. Sémiotik ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvénsi-konvénsi nu ngayakinkeun éta
tanda-tanda téh ngabogaan harti. Tegesna tanda téh lain ngan saukur dina basa wungkul, tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan Pradopo, 1995, kc.
119. Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang pentingna pikeun maluruh sarta
maham ajén atikan tina éta pamali, nu satuluyna bakal mangaruhan kana sikep masarakatna. Ku kituna, pamali téh bisa dijadikeun alat pikeun kolot dina ngatik
barudakna. Upama urang ngatik ku cara nyebut pamali atawa nyingsieunan ku hal anu matak ngarugikeun, budak téh tangtu bakal merhatikeun ku sabab ngarasa sieun
kana omongan kolotna. Contona “ulah ngadiukan bantal bisi bisulan” nu hartina kudu bisa nyaluyukeun tempat, da puguh bantal mah lain tempat keur diuk.
Panalungtikan ngeunaan ajén atikan téh kawilang loba, di antarana ngeunaan kaulinan, sisindiran, jeung kapamalian. Panalungtikan ajén atikan dina kapamalian
4 kungsi dilaksanakeun ku sadérék Diani Permasih 2010
, kalayan judul “Ajén Atikan dina Istilah Kapamalian Anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka
Kabupatén Bandung Tilikan Sémiotik ”, Sri Mulyani “Ajén Atikan Dina Kaulinan
Barudak Lembur Di Désa Sukamaju Kecamatan Cigedug Kabupatén Bogor Pikeun Bahan Pangajaran Di SD”, Ayu Mustika Maya Sinta “Ajén atikan Dina Sisindiran Nu
Aya Di Kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk Kabupatén Garut
Pikeun Bahan Pangajaran Di SMP ”.
Sedengkeun panalungtikan ngeunaan ajén atikan kapamalian sa-kécamatan hususna Kecamatan Subang mah can aya nu nalungtik . Ku kituna, perlu diayakeun
panalungtikan kana éta hal nu dijudulan “Ajén Atikan dina Folklor Kapamalian nu
Aya di Kécamatan Subang Kabupatén Subang Ulikan Sémiotik ”.