Instrumén Panalungtikan MÉTODEU PANALUNGTIKAN

4. Keur saha jeung ka saha waé éta pamali téh dilarapkeun? 5. Naon waé sangsiakibatbalukar lamun aya nu ngareumpak pamali ? 6. Naha pernah aya kajadian nyata lamun aya nu ngareumpak ? 7. Kumaha sangkan teu keuna ku kapamalian ? 8. Naha kapamalian éta téh dipaké kénéh tepi ka ayeuna ?

3.5. Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kakumpul ngaliwatan téhnik ngumpulkeun data, satuluyna dianalisis ngaliwatan léngkah-léngkah saperti dihandap ieu: 1. Mariksa sarta niténan folklor aspék kapamalian nu geus dikumpulkeun. 2. Ngadéskripsikeun sarta nganalisis folklor aspék kapamalian. 3. Nyieun kacindekan tina folklor aspék kapamalian nu geus kapaluruh.

3.6. Sumber Data

Sumber data nya éta subjék data-data panalungtikan nu dibeunangkeun ku panalungtik. Data dina ieu panalungtikan mangrupa kapamalian nu masih kénéh aya sarta dipaké di masarakat Sunda dina Arikunto, 2010, kc. 172 Anu dijadikeun subjék dina ieu panalungtikan nya éta warga Désa Sukamelang, Wanerja, Parung, Dangdeur, jeung Cigadung nu umurna 40 taun kaluhur.

3.6.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan nya éta di Kacamatan Subang Kabupatén Subang. Kecamatan Subang mangrupa salah sahiji kacamatan nu aya di Kabupatén Subang, nu dijadikeun puseur pamaréntahan. Sacara geografis, ieu lokas kaasup kana daérah dataran rendah, kira-kira 114 M dpl. Luas wilayah Kecamatan Subang, kira-kira 5.896,946 Ha atawa 54 Km 2 , nu ngawengku: a. sawah : 2.922,90 ha; b. darat : 2.974,046 ha. Kecamatan Subang téh ngawengku sababraha wilayah administratif, nya éta Kelurahan Sukamelang, Kelurahan Wanareja, Kelurahan Parung, Kelurahan Pasirkareumbi, Kalurahan Dangdeur, Kelurahan Cigadung, Kelurahan Soklat, jeung Kelurahan Karanganyar. Kecamatan Subang Kabupatén Subang téh diwatesanan ku sababaraha wilayah, nya éta: - beulah Kulon watesna Kecamatan Dawuan; - beulah Wétan watesna Kecamatan Cibogo; - beulah Kidul watesna Kecamatan Cijambe; - beulah Kalér watesna Kecamatan Pagaden jeung Pagaden Barat. Jumlah penduduk Kecamatan Subang, dumasar kana data taun 2014 kurang leuwih aya kana 124.367 jiwa, lalaki, 63.162 jiwa atawa 50,79 jeung awéwé 61.205 jiwa atawa 49,21. Pakasaban nu ilahar di ieu kacamatan nya éta PNS, pedagang , buruh, jeung tani. Gambar 3.1 Péta Kecamatan Subang Kabupatén Subang

1. Kelurahan Sukamelang

Kelurahan Sukamelang aya ditungtung kalér Kecamatan Subang nu tapal wates jeung Désa Jabong, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Dangdeur, beulah wétanna tapal wates jeung Désa Belendung, beulah kidulna tapal wates jeung Kelurahan Karanganyar. Kelurahan Sukamelang lokasina di Jl. Pramuka.