Tujuan Umum Tujuan Panalungtikan

5

1.3.2. Tujuan Husus

Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun: 1 Aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang. 2 Unsur sémiotik dina éta istilah pamali di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang. 3 Ajén atikan nu nyampak dina istilah pamali nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang.

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan dijembaran dina dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.3.3. Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna dina widang istilah kapamalian. Pikeun pamaréntah nu mutuskeun kawijakan, hasil tina ieu panalungtikan bisa jadi bahan tinimbangan dina mutuskeun hiji kawijakan

1.4.2. Mangpaat pikeun Kawijakan

Kapamalian ngeunaan hiji hal mangrupa salah sahiji kabeungaran budaya nu nepi ka kiwari masih aya, malah geus jadi hiji warisan budaya nu kudu dipertahankeun. Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kahayang katut kereteg masarakat pikeun mikanyaho deui aspék kapamalian nu aya disabudeureunanna. Ngaliwatan ieu panalungtikan dipiharep pamaréntah bisa nyieun hiji kawijakan nu antukna bisa mertahankeun budaya kapamalian. .

1.4.3. Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré gambaran ngeunaan ajén atikan dina istilah pamali nu sumebar hususna di sabudeureun 6 masarakat Kecamatan Subang Kabupaten Subang, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan.

1.4.4. Mangpaat Aksi Sosial

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi informasi jeung gambaran ngeunaan kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang sacara jelas, sarta dipiharep bisa jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang apal kana sagala rupa kabeungharan budaya nu aya di Kecamatan Subang. Utamana ngeunaan unsur-unsur kapamalian.

1.4. Raraga Tinulis

Sistematika penulisan dina prakna nyusun skripsi baris ébréh katingali saperti di handap ieu. 1 BAB I : bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, raraga tinulis. Dina bab ieu eusina ngeunaan konteks tina masalah anu baris ditalungtik. 2 BAB II : dina ieu bab diguar ngeunaan kajian tiori, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tiorotis. Dina bagian kajian tiori, diguar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké ku panalungtik dina prak-prakan nganalisis data panalungtikan. Éta tiori téh ngawengku tiori ngeunaan kabudayaan, folklor, pamali, sémiotik, sarta tiori ngeunaan ajén atikan. Dina bagian panalungtikan saméméhna, ditétélakeun ngeunaan panalungtikan-panalungtikan nu geus dilaksanakeun ku mahasiswa Departemen Bahasa Daerah, nu pakait boh jeung ajén atikaanna boh pakait jeung kapamalianana. Dina bagaian kalungguhan tioritis dijelaskeun kalungguhan tiori-tiori dina ieu panalungtikan. 3 BAB III : metodologi panalungtikan, medar ngeunaan metode panalungtikan, intrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data 4 BAB IV : ngadéskripsikeun data jeung ngabahas hasil panalungtikan, di antarana ngabahas ngeunaan kaayaan sosial budaya Kecamatan Subang, déskripsi kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, déskripsi hasil jeung