Métodeu Panalungtikan Téhnik Ngumpulkeun Data

4. Observasi Dina ieu panalungtikan, observasi dilaksanakeun pikeun niténan objék panalungtikan, tina éta kagiatan observasi panalungtik bisa meunangkeun data nu leuwih spesifik sarta leuwih orsinil.

3.4. Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat pikeun meunangkeun data. Ieu alat kudu dipilih dumasar jinis data nu dipikahayang. Instrumen salaku alat pikeun ngumpulkeun data dina hakékatna nya éta pikeun ngukur variabel panalungtikan dina Sudjana, 2011, kc. 58. Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalugtikan téh nya éta: 1. Alat pangrékam, anu dipaké pikeun ngumpulkeun data lisan ngeunaan folklor aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang. 2. Kaméra, anu dipaké dina proses panalungtikan pikeun dokumentasi. Dimana ieu kaméra dipaké pikeun nyokot foto narasumber dina panalungtikan 3. Kartu panalungtikan, ieu kartu eusina ngawengku idéntitas narasumber jeung hasil panalungtikan. Conto kartu panalungtikan: Tabél 3.1 Format Wawancara No Narasumber Wasta Padumukan Umur Pakasaban Atikan Katerangan Tanda tangan Tabél 3.2 Padoman Wawancara No Titimangsa Wawancara : Ngaran Narasumber : No. Narasumber : 1. Naon waé istilah pamali nu sok dipaké di ieu désa? life cycle: ngalahirkeun, suanatangusaran, kawinan, maot 2. Naon fungsi pamali éta téh? 3. Keur kaayana kumaha éta pamali diucapkeunana? 4. Keur saha jeung ka saha waé éta pamali téh dilarapkeun? 5. Naon waé sangsiakibatbalukar lamun aya nu ngareumpak pamali ? 6. Naha pernah aya kajadian nyata lamun aya nu ngareumpak ? 7. Kumaha sangkan teu keuna ku kapamalian ? 8. Naha kapamalian éta téh dipaké kénéh tepi ka ayeuna ?

3.5. Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kakumpul ngaliwatan téhnik ngumpulkeun data, satuluyna dianalisis ngaliwatan léngkah-léngkah saperti dihandap ieu: 1. Mariksa sarta niténan folklor aspék kapamalian nu geus dikumpulkeun. 2. Ngadéskripsikeun sarta nganalisis folklor aspék kapamalian. 3. Nyieun kacindekan tina folklor aspék kapamalian nu geus kapaluruh.

3.6. Sumber Data

Sumber data nya éta subjék data-data panalungtikan nu dibeunangkeun ku panalungtik. Data dina ieu panalungtikan mangrupa kapamalian nu masih kénéh aya sarta dipaké di masarakat Sunda dina Arikunto, 2010, kc. 172 Anu dijadikeun subjék dina ieu panalungtikan nya éta warga Désa Sukamelang, Wanerja, Parung, Dangdeur, jeung Cigadung nu umurna 40 taun kaluhur.

3.6.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan nya éta di Kacamatan Subang Kabupatén Subang. Kecamatan Subang mangrupa salah sahiji kacamatan nu aya di Kabupatén Subang, nu dijadikeun puseur pamaréntahan. Sacara geografis, ieu lokas kaasup kana daérah dataran rendah, kira-kira 114 M dpl. Luas wilayah Kecamatan Subang, kira-kira 5.896,946 Ha atawa 54 Km 2 , nu ngawengku: a. sawah : 2.922,90 ha; b. darat : 2.974,046 ha. Kecamatan Subang téh ngawengku sababraha wilayah administratif, nya éta Kelurahan Sukamelang, Kelurahan Wanareja, Kelurahan Parung, Kelurahan