Kelurahan Dangdeur Kelurahan Wanerja

Tabél 3.11 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Dangdeur No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah 1 Lulusan SD 2.088 jalma 2 Lulusan SLTP 1.042 jalma 3 Lulusan SLTA 1.088 jalma 4 Sarjana 5.131 jalma Total 9.349 jalma

4. Kelurahan Wanerja

Kelurahan Wanerja aya di tungtung wétan Kecamatan Subang nu tapal watesna beulah kalér jeung Désa Cinangsi, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Soklat, beulah wétanna tapal wates jeung Désa Sadawarna, beulah kidulna tapal wates jeung Désa Cikadu. Kelurahan Wanerja miboga luas wilayah 1.864.250 Ham², nu ngawengku: Tabél 3.12 Luas Wilayah Kelurahan Wanerja No. Tempat Luas Wilayah 1 Sawah 214.000 Ham² 2 Pemukiman 158.800 Ham² 3 Tegal ladang kebon 436.625 Ham² 4 Kuburan 2.500 Ham² 5 Pekarangan 4.000 Ham² 6 Perkantoran 2.500 Ham² 7 Lain-lain 5.000 Ham² Total 790.30 Ham² Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Wanerja nya éta 5.853 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 2.708 jalma jeung awéwé 3.145 satuluyna jumlah penduduk kabagi jadi 1.656 KK. Masarakat Kelurahan Wanerja miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa aya 12 rupaning pakasaban nu dipilampah ku masarakatna, katitén saperti ieu di handap. Tabél 3.13 Jumlah Penduduk Kelurahan Wanerja No. Pakasaban Jumlah Penduduk 1 Petani 1.100 jalma 2 Buruh Tani 800 jalma 3 Pedagang 25 jalma 4 Peternak 120 jalma 5 Perikanan 2 jalma 6 Montir 6 jalma 7 Bidan 2 jalma 8 Perawat 5 jalma 9 Pembantu Rumah Tangga 50 jalma 10 TNIPolri 3 jalma 11 Pengusaha 4 jalma 12 Buruhswasta 280 jalma Total Jumlah Penduduk 5.853 jalma Ditilik tina atikana di désa Wanerja rata-rata tingkat pendidikan formal masarakatna téh lolobana tamatan SD Sekolah Dasarsaderajat, katitén tina tingkatan ieu di handap. Tabél 3.14 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Wanerja No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah 1 Lulusan SD 260 jalma 2 Lulusan SLTP 36 jalma 3 Lulusan SLTA 36 jalma 4 Sarjana 15 jalma Total 347 jalma

5. Kelurahan Parung

Kelurahan Parung aya di tungtung kidul Kecamatan Subang nu tapal watesna beulah kalér jeung Désa Cigadung, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Dangdeur, beulah wétanna tapal wates jeung Désa Wanareja, beulah kidulna tapal wates jeung Désa Tanjung Wangi. Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Parung nya éta 8.398 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 4.127 jalma jeung awéwé 4.271 satuluyna jumlah penduduk kabagi jadi 2.262 KK. Masarakat Kelurahan Parung miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa pakasaban nu dipilampah ku masarakatna téh nya éta pedagang, sopir, tani, jeung ternak. Ditilik tina atikana di désa Parung rata-rata tingkat pendidikan formal masarakatna téh lolobana tamatan SD Sekolah Dasarsaderajat, katitén tina tingkatan ieu di handap. Tabél 3.15 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Parung No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah 1 Lulusan SD 6.427 jalma 2 Lulusan SLTP 4.300 jalma 3 Lulusan SLTA 4.220 jalma 4 Sarjana 40 jalma Total 14.987 jalma

3.6.2 Populasi

Numutkeun Sudjana 2011, kc. 71, populasi téh teu kawatesanan, malah aya nu teu kaitung jumlah jeung ukuranana. Ku kituna, populasi mah teu sakabéhna bisa ditalungtik. Éta hal biasana dumasar kana teu kadugana tanaga, waragad, sarta waktu panalungtik dina nalungtik éta populasi. Tina pedaran di luhur, populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kapamalian nu aya di kelurahan nu aya di Kecamaatan Subang Kabupatén Subang.

3.6.3 Sampel

Pikeun ngungkulana pasualan populasi nu teu kaduga éta, dina panaungtikan aya istilah nu disebut sampel panalungtikan. Sampel panalungtikan téh mangrupa bagian atawa wakil tina populasi dina Arikunto, 2010, kc. 174. Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun téhnik purposive sampling, nya éta panalungtikan anu nangtukeun unsur sampelna dumasar kana tujuan husus nepi ka nyumponan kahayang jeung kapentingan panalungtik dina Sudjana, 2011, kc. 73. Sampel ieu panalungtikan nya éta kapamalian nu sumebar di Kelurahan Sukamelang, Wanerja, Parung, Dangdeur, jeung Kelurahan Cigadung.