Desain Panalungtikan MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.2. Métodeu Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode déskripstif pikeun ngadéskripsikeun aspék kapamalian di Kecamatan Subang Kabupaten Subang. Numtukeun Sudjana 2011, kc. 52, ieu métode téh digunakeun saupama panalungtikanna miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajelaskeun kajadian nu aya dina mangsa kiwari. Masih numutkeun Sudjana 2011, kc. 52, ieu métode téh ngawengku sababaraha téknik di jerona, nya éta studi kasus, survey, studi pengembangan, studi korelasi. Metode panalungtikan deskripstif bisa ngadéskripsikeun savariabel atawa leuwih, dina hiji panalungtikan.

3.3. Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku: 1 talaah pustaka, 2 wawancara, 3 dokumentasi, 4 observasi. 1. Talaah Pustaka Talaah pustaka dilakukeun ku cara nalaah buku-buku jeung literatur- literatur lianna nu patali jeung ieu panalungtikan, utamana tiori-tiori ngeunaan folklor jeung semiotika Pierce. 2. Wawancara Wawancara dilakukeun pikeun ngumpulkeun sajumlahing data nu aya di lapangan. Tahap wawancara ieu penting dilakukeun pikeun meunangkeun data nu mangrupa kapamalian nu sumebar di Kecamatan Subang Kabupatén Subang. Data nu kapanggih satuluyna dianalisis jeung dikelompokeun dumasar kana tiori hasil tina studi pustaka. 3. Dokuméntasi Supaya data nu kapanggih leuwih valid, panalungtik ngadokumentasikeun kagiatan ieu panalungtikan. Salian ti éta hasil tina dokumentasi anu mangrupa foto jeung video, bakal ngarojong kana prosés analisis data sarta ngarojong dina prak- prakan nyusun laporan hasil panalungtikan. 4. Observasi Dina ieu panalungtikan, observasi dilaksanakeun pikeun niténan objék panalungtikan, tina éta kagiatan observasi panalungtik bisa meunangkeun data nu leuwih spesifik sarta leuwih orsinil.

3.4. Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat pikeun meunangkeun data. Ieu alat kudu dipilih dumasar jinis data nu dipikahayang. Instrumen salaku alat pikeun ngumpulkeun data dina hakékatna nya éta pikeun ngukur variabel panalungtikan dina Sudjana, 2011, kc. 58. Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalugtikan téh nya éta: 1. Alat pangrékam, anu dipaké pikeun ngumpulkeun data lisan ngeunaan folklor aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang. 2. Kaméra, anu dipaké dina proses panalungtikan pikeun dokumentasi. Dimana ieu kaméra dipaké pikeun nyokot foto narasumber dina panalungtikan 3. Kartu panalungtikan, ieu kartu eusina ngawengku idéntitas narasumber jeung hasil panalungtikan. Conto kartu panalungtikan: Tabél 3.1 Format Wawancara No Narasumber Wasta Padumukan Umur Pakasaban Atikan Katerangan Tanda tangan Tabél 3.2 Padoman Wawancara No Titimangsa Wawancara : Ngaran Narasumber : No. Narasumber : 1. Naon waé istilah pamali nu sok dipaké di ieu désa? life cycle: ngalahirkeun, suanatangusaran, kawinan, maot 2. Naon fungsi pamali éta téh? 3. Keur kaayana kumaha éta pamali diucapkeunana?