5
1.3.2. Tujuan Husus
Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta
ngadéskripsikeun:
1 Aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang.
2 Unsur sémiotik dina éta istilah pamali di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang.
3 Ajén atikan nu nyampak dina istilah pamali nu aya di Kecamatan Subang,
Kabupatén Subang.
1.4. Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat ieu panalungtikan dijembaran dina dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.3.3. Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna dina widang istilah kapamalian. Pikeun
pamaréntah nu mutuskeun kawijakan, hasil tina ieu panalungtikan bisa jadi bahan tinimbangan dina mutuskeun hiji kawijakan
1.4.2. Mangpaat pikeun Kawijakan
Kapamalian ngeunaan hiji hal mangrupa salah sahiji kabeungaran budaya nu nepi ka kiwari masih aya, malah geus jadi hiji warisan budaya nu kudu
dipertahankeun. Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kahayang katut kereteg
masarakat pikeun
mikanyaho deui
aspék kapamalian
nu aya disabudeureunanna. Ngaliwatan ieu panalungtikan dipiharep pamaréntah bisa nyieun
hiji kawijakan nu antukna bisa mertahankeun budaya kapamalian. .
1.4.3. Mangpaat Praktis
Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré gambaran ngeunaan ajén atikan dina istilah pamali nu sumebar hususna di sabudeureun
6 masarakat Kecamatan Subang Kabupaten Subang, umumna ka masarakat anu paduli
kana kabudayaan.
1.4.4. Mangpaat Aksi Sosial
Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi informasi jeung gambaran ngeunaan kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang sacara jelas, sarta dipiharep bisa
jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang apal kana sagala rupa kabeungharan budaya nu aya di Kecamatan Subang. Utamana ngeunaan unsur-unsur kapamalian.
1.4. Raraga Tinulis
Sistematika penulisan dina prakna nyusun skripsi baris ébréh katingali saperti di handap ieu.
1 BAB I : bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah,
tujuan jeung mangpaat panalungtikan, raraga tinulis. Dina bab ieu eusina ngeunaan konteks tina masalah anu baris ditalungtik.
2 BAB II : dina ieu bab diguar ngeunaan kajian tiori, panalungtikan saméméhna,
jeung kalungguhan tiorotis. Dina bagian kajian tiori, diguar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké ku panalungtik dina prak-prakan nganalisis data panalungtikan. Éta
tiori téh ngawengku tiori ngeunaan kabudayaan, folklor, pamali, sémiotik, sarta tiori ngeunaan ajén atikan. Dina bagian panalungtikan saméméhna, ditétélakeun
ngeunaan panalungtikan-panalungtikan nu geus dilaksanakeun ku mahasiswa Departemen Bahasa Daerah, nu pakait boh jeung ajén atikaanna boh pakait
jeung kapamalianana.
Dina bagaian
kalungguhan tioritis
dijelaskeun kalungguhan tiori-tiori dina ieu panalungtikan.
3 BAB III : metodologi panalungtikan, medar ngeunaan metode panalungtikan,
intrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data 4
BAB IV : ngadéskripsikeun data jeung ngabahas hasil panalungtikan, di antarana ngabahas ngeunaan kaayaan sosial budaya Kecamatan Subang,
déskripsi kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, déskripsi hasil jeung
7 fungsi aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, sémiotik nu aya dina
aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang Kabupatén Subang, sarta analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang.
5 BAB V : eusina ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung
rékoméndasi ti panalungtik ngeunaan hal-hal anu aya pakuat-pakaitna salila panalungtikan pikeun panalungtik kaharepna
Iksan kharis, 2015 Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN
3.1. Desain Panalungtikan
Dina ngalakukeun panalungtikan, tangtu panalungtik kudu nataharkeun sagala nu dibutuhkeun dina prosés panalungtikan. Sangkan panalungtikan
lumangsung sacara lancar ku kituna dina ngalakukeun panalungtikan diperlukeun hiji desain.
Desain panalungtikan téh nya éta mangrupa gambaran ngeunaan raraga panalungtikan. Desain panalungtikan anu digunakeun nya éta:
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Identifikasi masalah
Téhnik Ngumpulkeun Data
Kacindekan Déskripsi
Téhnik Ngolah Data 1. Talaah Pustaka
2. Wawancara 3. Dokumentasi
4. Observasi
3.2. Métodeu Panalungtikan
Dina ieu
panalungtikan, digunakeun
métode déskripstif
pikeun ngadéskripsikeun aspék kapamalian di Kecamatan Subang Kabupaten Subang.
Numtukeun Sudjana 2011, kc. 52, ieu métode téh digunakeun saupama panalungtikanna miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajelaskeun
kajadian nu aya dina mangsa kiwari. Masih numutkeun Sudjana 2011, kc. 52, ieu métode téh ngawengku sababaraha téknik di jerona, nya éta studi kasus,
survey, studi pengembangan, studi korelasi. Metode panalungtikan deskripstif bisa ngadéskripsikeun savariabel atawa leuwih, dina hiji panalungtikan.
3.3. Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku: 1 talaah pustaka, 2 wawancara, 3 dokumentasi, 4 observasi.
1. Talaah Pustaka
Talaah pustaka dilakukeun ku cara nalaah buku-buku jeung literatur- literatur
lianna nu patali jeung ieu panalungtikan, utamana tiori-tiori ngeunaan folklor jeung semiotika Pierce.
2. Wawancara
Wawancara dilakukeun pikeun ngumpulkeun sajumlahing data nu aya di lapangan. Tahap wawancara ieu penting dilakukeun pikeun meunangkeun data nu
mangrupa kapamalian nu sumebar di Kecamatan Subang Kabupatén Subang. Data nu kapanggih satuluyna dianalisis jeung dikelompokeun dumasar kana tiori hasil
tina studi pustaka. 3.
Dokuméntasi Supaya data nu kapanggih leuwih valid, panalungtik ngadokumentasikeun
kagiatan ieu panalungtikan. Salian ti éta hasil tina dokumentasi anu mangrupa foto jeung video, bakal ngarojong kana prosés analisis data sarta ngarojong dina prak-
prakan nyusun laporan hasil panalungtikan.