PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
66
3. Ngaidéntifikasi panta-panta basa Sunda. 4. Méré conto basa Sunda lemes keur ka batur dina wangun kalimah.
5. Ngaidéntifikasi ambahan pola sora, pola sora basa, fonem, jeung
konsonan basa Sunda kalawan taliti jeung percaya diri. 6. Ngajéntrékeun runtuyan sora, engang, kecap, kluster, ciri-ciri
suprasegmental, jeung rinéka sora basa Sunda kalawan taliti. 7. Ngajéntrékeun wangenan téks éksplanasi.
8. Ngaidéntifikasi struktur téks éksplanasi. 9. Ngaidéntifikasi kaédah basa téks éksplanasi.
C. Pedaran Matéri
1. Tatakrama Basa Sunda di SMP a. Wangenan Tatakrama Basa
Tatakrama basa biasa disebut ogé undak usuk basa. Numutkeun sawatara ahli asupna undak-usuk kana basa Sunda téh ti mimiti abad ka-
17, dina mangsa sabagian tatar Sunda kaéréh ku Mataram. Utamana wewengkon Priangan, saperti: Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung,
Sumedang, Sukabumi, jeung Cianjur Tamsyah 1987: 9.
Numutkeun Sudaryat, Spk. 2013: 294 undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa sopan santun makéna basa dina waktu
komunikasi. Ieu sopan santun etiket téh geus disayuluan jeung dianjénan jadi hiji kahadéan ku warga masarakatna pikeun silih hormat
jeung silih anjénan. Palebah dieu, undak usuk basa atawa tatakrama basa téh jadi hiji sistem ngagunakeun ragam basa hormat-teu hormat
anu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara panyatur jeung pamiarsa katut jalma nu dicaritakeun.
Tatakrama basa di SMP kacida perlu diajarkeun, lantaran kujalan ngajarkeun tatakrama basa, sacara teu langsung ngajarkeun ogé karakter
kasopanan, rasa hormat, silih ajénan, silih pikanyaah, rasa hormat ka saluhureun, ka guru, ka kolot, jeung kaluhuran budi pekerti.
b. Prinsip Tatakrama Basa
Numutkeun Sudaryat, Spk. 2013: 294 undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrpa kasopanan dina makéna basa. Ari prinsip
kasopanan téh miboga sababaraha rupa maksim, nyaéta: 1 maksim
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
67
3
kawijaksanaan, 2 maksim handap asor, 3 maksim kacocog, 4 maksim katumarima, 5 maksim kasimpati, jeung 6 maksim balabah.
1 Maksim kawijaksanaan meredih omongan ku cara ngaréaan
kauntungan atawa ngurangan karugian ka pamiarsa, diwangun ku omongan komisif jeung impositif. Contona :
a Mun bisa, kuring rék nepungan ka imah Bapa. teu hormat. b Upami tiasa, abdi badé nepangan ka bumi bapa. hormat
2 Maksim Katumarima meredih sangkan omongan panyatur ngurangan kauntungan keur dirina atawa loba ngarurugi karep, diwangun ku
omongan komisif jeung impositif. Contona, omongan kurang hormat, sabalikna omongan leuwih hormat.
a Cing ulah ngaroko baé, atuh teu hormat b Aya saéna upami rokona dipareuman. hormat
3 Maksim pangcocog meredih sangkan omongan panyatur kudu leuwih cocog jeung pamiarsa, kurangan omongan anu teu cocog, biasana
diwangun ku omongan asertif jeung éksprésif. Omongan si B dina wacana leuwih sopan tur cocog jeung kalimah si A, sabalikna
omongan si C mah henteu cocog.
A : Basa Sunda téh énténg bangga, nya? B : Enya.
C : Ah, ceuk saha sakitu babarina.
4 Maksim kasimpatian meredih sangkan omongan panyatur ngalobaan rasa simpati atawa ngurangan antipasti ka pamiarsa, biasana
diwangun ku omongan asertif jeung ékspérsif. Dina ieu wacana di handap, omongan si B nuduhkeun rasa simpati ka si A, sabalikna
omongan si C nuduhkeun rasa kurang simpati atawa antipati.
A : Kuliah téh tiwas, teu bisa maju. B : Sabar wé, laina nasib mereun.
C : Wah, pinter, nya.
5 Maksim Balabah meredih sangkan omongan panyatur ngalobaan
panghormatan jeung pamuji ka pamiarsa atawa ngurangan pamuji ka
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
68
dirina, biasana diwangun ku omongan ékprésif jeung asertif. Contona, dina wacana di handap, omongan si A loba muji pamiarsa, jawaban si
B ngurangan pamuji ka dirina. Kitu deui, jawaban si C loba muji si A.
A : Raos pisan angeun téh, Ceu. B : Ah, angeun kieu disebut raos.
C : Saha heula atuh nu ngangeunna, ceu Juju. 6 Maksim handap asor meredih sangka omongan panyatur leuwih loba
ngahormatan atawa ngomah-ngomahan haté pamiarsa atawa ngurangna basa loma atawa kasar, diwangun ku omongan asertif
jeung éksprésif. Dina wacana ieu di handap, omongan si A narekahan sangkan nguntungkeun pamiarsa, sabalikna jawaban si B ngurangan
panghormatan atawa handap asor.
A : Saurna, tuang putera téh juara umum di sakolana ? B : Ah, saur saha? Pun anak mah ngedul, tara ngapalkeun.
c. Ragam Tatakrama Basa