Cara Ngagunakeun Modul Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 4. Guguritan jeung Carita Pondok di SMP ngawengku: 1 Sajarah Guguritan, 2 Harti Guguritan, 3 Bédana Guguritan jeung Wawacan, 4 Nulis Naskah Guguritan, 5 Wangun Guguritan, 6 Struktur Gugurita, 7 Adegan Pupuh, 8 Wangenan Carita Pondok, 9 Ciri-ciri Carita Pondok, 10 Kamekaran Carita Pondok, jeung 11 Wangun jeung Unsur Intrinsik Carita Pondok.

E. Cara Ngagunakeun Modul

Aya sawatara hal nu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu percaya diri yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu narékahan kalawan kréatif sangkan meunang informasi optimal tina modul. Katilu, Sadérék perlu maca sacara mandiri, niténan jeung migawé latihan kalawan babarengan nu dipidangkeun dina ahir pedaran. Titénan jeung pigawé tiap bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina tiap bahan nu dipidangkeun. Ulah poho migawé sakur latihan-latihan jeung évaluasi dina saban bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék ngeunaan ieu bahan kagiatan diajar baris dinilai ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi. Dina maca, nengétan, jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul Sadérék dipiharep macana jeung ngulikna kalawan mandiri, konsentrasi, sistematis, tur taliti. Lamun manggihan bangbaluh dina mahamkeunana jeung dina ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala babarengan jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka fasilitator. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 9 PÉDAGOGIK: PAMAREKAN KOMUNIKATIF, SAINTIFIK, JEUNG MODÉL-MODÉL PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMP PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 1 KAGIATAN DIAJAR 1 PAMAREKAN KOMUNIKATIF JEUNG SAINTIFIK DINA PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMP

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 1 ngawengku ieu di handap. 1. Sanggeus diskusi, pamilon diklat dipiharep mampuh ngaidéntifikasi karakteristik kamampuh komunikatif kalawan percaya diri. 2. Tina diskusi, pamilon diklat mampuh ngawincik aspék-aspék anu raket patalina jeung pamarekan komunikatif kalawan gawé bareng. 3. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon diklat dipiharep mampuh ngajéntrékeun hakékat pamarekan saintifik kalawan taliti. 4. Sanggeus maca pedaran matéri, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun enas-enasna pamarekan saintifik kalawan percaya diri. 5. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi prinsip-prinsip pamarekan saintifik kalawan taliti. 6. Sanggeus sawala, pamilon diklat mampuh nyieun conto larapna pamarekan saintifik dina pangajaran basa Sunda kalawan kréatif.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi