PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
14
Larapna dina pangajaran basa Sunda di SMP saperti ieu di handap. 1 Kompeténsi Kabasaan
Kompeténsi kabasaan téh asup kana ranah kapasitas gramatikal jeung léksikal basa Sunda. Guru SMP dianggap mibanda kompeténsi
kabasaan basa Sunda lamun mampuh: cara ngalafalkeun, éjahan, kaidah wangun kecap, ugeran kalimah baku, ugeran kabeungharan,
jeung ugeran ma’na basa Sunda.
2 Kompeténsi Aksional Kompeténsi aksional disebut ogé kompeténsi tindak basa, lantaran
dipatalikeun jeung waktu ngagunakeun basa Sunda. Waktu ngagunakeun basa lisan, misalna: guru SMP muji siswana, guru SMP
ménta informasi ngeunaan hiji hal jst.
3 Kompeténsi Sosiokultural Kompeténsi sosiokultural, pakait jeung kontéks sosio-kultural dina
waktu lumangsungna komunikasi. Guru SMP ngagunakeun basa Sunda kudu luyu jeung kontéks di mana jeung iraha éta basa Sunda
digunakeunana.
4 Kompeténsi Stratégis Kompeténsi stratégi pakait jeung kuatna stratégi dina waktu
lumangsungna komunikasi ngagunakeun basa Sunda nu ngawengku: ngamimitian, eureun, mertahankeun, ngoméan, jeung museurkeun
deui komunikasi.
c. Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda di SMP
Prinsip-prinsip pamarekan komunikatif numutkeun Richards 2006, ngawengku: 1 komunikasi anu nyata jadi fokus dina pangajaran basa
Sunda ; 2 guru méré kasempetan ka siswa pikeun ngalaksanakeun ékspérimén rupa-rupa kompeténsi anu geus kapimilik ku dirina; 3 guru
méré toléransi kana kasalahan-kasalahan basa Sunda anu dilakukeun ku siswa, lantaran jadi pituduh ayana prosés mekarkeun kompeténsi
komunikasi; 4 guru méré kasempetan ka siswa pikeun mekarkeun
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
15
1
kalancaran ngagunakeun basa; 5 guru matalikeun rupa-rupa kaparigelan basa Sunda nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca,
jeung nulis kalawan babarengan; jeung 6 guru ngondisikeun siswa sangkan manggihan sorangan tata aturan basa.
d. Karakteristik Kamampuh Komunikatif
Aya sawatara karakteristik kamampuh komunikasi Santosa spk., 2008: 237, nu ngawengku: 1 kompeténsi komunikatif sipatna dinamis. Hartina,
kompeténsi gumantung kana négosiasi ma’na antara dua urang panyatur atawa leuwih; 2 kompeténsi komunikatif ngawengku ngagunakeun basa
lisan jeung tulisan; 3 kompeténsi komunikasi sipatna kontékstual, lumangsung dina hiji kontéks; 4 kompeténsi komunikatif ngawengku
kompeténsi basa gramatikal jeung kamampuh nyieun aturan gramatikal sarta prakna ngagunakeun basa; jeung 5 kompeténsi komunikatif
sipatna rélatif, gumantung aspék internal boh éksternal.
Pamarekan komunikatif boga opat karakteristik, nu ngawengku: 1 kahiji, sasaran kelas difokuskeun kana sakabéh komponén komunikasi napak
dina kompeténsi gramatikal atawa linguistik; 2 kadua, téhnik-téhnik pangajaran basa dirancang pikeun ngaaktipkeun siswa ngagunakeun
basa kalawan pragmatis, oténtik, fungsional, jeung aya
ma’na; 3 katilu, parigel jeung merenah mangrupa prinsip-prinsip anu ngalengkepan
téhnik-téhnik komunikatif; jeung 4 kaopat, di kelas kudu produktif ngagunakeun basa jeung merenah luyu kontéksna.
1 Ngolah informasi. 2 Bagi-bagi jeung ngolah informasi.
3 Bagi-bagi informasi dina komunikasi anu kawatesanan.
4 Bagi-bagi informasi dina komunikasi anu taya watesna.
Gambar 1. 4 Komunikasi Fungsional Komunikasi
Fungsional
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
16
1 Improvisasi 2 Lakon pondok tur lucu
3 Rupa-rupa simulasi 4 Dialog jeung bermain peran
5 Sistem konversasi jeung sawala 6 Debat
Gambar 1. 5 Komunikasi Interaksi Sosial
e. Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif