Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 33 1 nu aya dina KI-3 pangaweruh jeung KI-4 kaparigelan.Dina kagiatan diajar ngajar anu sipatna teu langsung, maksudna salila lumangsungna kagiatan diajar ngajar baris ngahasilkeun dampak pengiring nurturant effect. Dina Kurikulum 2013, kagiatan diajar ngajar anu teu langsung raket patalina jeung ngamekarkeun nilai sarta sikep nu aya dina KI-1 sikep spiritual jeung KI-2 sikep sosial.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal matéri ajar 80 ka luhur, bisa nuluykeun matéri kagiatan diajar 2 tapi, lamun tahap ngawasa kurang ti 80, pék balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan soson-soson, tanggung jawab, tur disiplin. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 35 2 KAGIATAN DIAJAR 2 MODÉL-MODÉL PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMP DUMASAR KURIKULUM 2013

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 2 ngawengku ieu di handap. 1. Sanggeus masa pedaran matéri, pamilon mampuh ngajéntrékeun wangenan Modél Pangajaran Berbasis Penemuan Discovery LearningInquiry Leraning kalawan percaya diri. 2. Bari diskusi kelompok, pamilon mampuh ngaidéntifikasi léngkah-léngkah operasional impleméntasi Modél Discovery Learning Inquiry Leraning dina proses diajar ngajar dibarung rasa kabungah. 3. Sanggeus latihan, pamilon mampuh nyieun conto penerapan Modél Pangajaran Discovery Learning Inquiry Leraning dina pangajaran basa Sunda kalawan kréatif. 4. Sanggeus sawala, pamilon mampuh ngawincik léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah Problem Based Learning kalawan sistematis tur taliti 5. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon mampuh ngajéntrékeun wangenan Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning, kalawan percaya diri. 6. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngaidéntifikasi karakteristik PjBL Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning,kalawan sistematis tur taliti. 7. Sanggeus sawala kelompok, pamilon mampuh ngaidéntifikasi léngkah- léngkah operasional Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning kalawan sistematis kalawan kréatif. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 36

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi