Tujuan Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda di SMP

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 13 1

b. Tujuan Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda di SMP

Patali jeung kompeténsi komunikatif, Canale jeung Swain dina Solichan, 2001:6.19 nétélakeun yén aya opat unsur anu raket patalina jeung kamampuh komunikatif téh, nyaéta: 1 kamampuh gramatikal nyaéta kamampuh panyatur ngagunakeun ugeran tatabasa, 2 kamampuh sosiolinguistik, nyaéta kamampuh panyatur paham kana kontéks sosial tempat lumangsungna komunikasi, 3 kamampuh wacana, nyaéta kamampuh panyatur dina midangkeun maksud-maksud komunikasi kalawan merenah, jeung 4 kamampuh stratégi, nyaéta kamampuh panyatur dina ngagunakeun rupa-rupa stratégi waktu komunikasi. Gambar 1. 2 Kamampuh Komunikatif numutkeun Canale jeung Swain Numutkeun Celce-Murcia, spk 1995, kompeténsi komunikatif ngawengku: a kompeténsi kabasaan, b kompeténsi aksional, c kompeténsi sosiokultural, jeung d kompeténsi stratégis. Pedaran ieu di handap, ngajéntrékeun opat kompeténsi komunikatif. Gambar 1. 3 Opat Kompeténsi Komunikatif numutkeun Celce-Murcia, spk. 1995 Kamampuh Komunikatif 1. Gramatika 2. Sosiolinguistik 3. Wacana 4. Strategi Kompetensi Kabasaan Kompetensi Aksional Kompetensi Sosiokultural Kompetensi Strategis PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 14 Larapna dina pangajaran basa Sunda di SMP saperti ieu di handap. 1 Kompeténsi Kabasaan Kompeténsi kabasaan téh asup kana ranah kapasitas gramatikal jeung léksikal basa Sunda. Guru SMP dianggap mibanda kompeténsi kabasaan basa Sunda lamun mampuh: cara ngalafalkeun, éjahan, kaidah wangun kecap, ugeran kalimah baku, ugeran kabeungharan, jeung ugeran ma’na basa Sunda. 2 Kompeténsi Aksional Kompeténsi aksional disebut ogé kompeténsi tindak basa, lantaran dipatalikeun jeung waktu ngagunakeun basa Sunda. Waktu ngagunakeun basa lisan, misalna: guru SMP muji siswana, guru SMP ménta informasi ngeunaan hiji hal jst. 3 Kompeténsi Sosiokultural Kompeténsi sosiokultural, pakait jeung kontéks sosio-kultural dina waktu lumangsungna komunikasi. Guru SMP ngagunakeun basa Sunda kudu luyu jeung kontéks di mana jeung iraha éta basa Sunda digunakeunana. 4 Kompeténsi Stratégis Kompeténsi stratégi pakait jeung kuatna stratégi dina waktu lumangsungna komunikasi ngagunakeun basa Sunda nu ngawengku: ngamimitian, eureun, mertahankeun, ngoméan, jeung museurkeun deui komunikasi.

c. Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda di SMP