PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
45
2
2 Wangenan Masalah Defining teh Problem Fasilitator nepikeun skenario atawa masalah, siswa babarengan
ngayakeun sawala kelompok. Kahiji, brainstorming, carana unggal- unggal anggota kelompok nepikeun pamadegan, ide, jeung tanggapan
ngeunaan skenario pagajaran, nepi ka muncul rupa-rupa pamadegan.
Kadua, milih pamadegan anu fokus kana masalah. Katilu, nangtukeun masalah jeung méré pancén kelompok.
3 Diajar Mandiri Self Learning Sanggeus mibanda pancén, unggal-unggal siswa maluruh réferénsi nu
dipiharep mampuh ngarojong masalahisu anu keur ditalungtik. Réferénsi bisa dipaluruh di perpustakaan, kaca web, atawa pakar.
4 Silih Tukeran Pangaweruh Exchange knowledge Sanggeus siswa meunang sumber référénsi pikeun ngeuyeuban
matéri kalawan mandiri, dina pangajaran nu baris datang, siswa diskusi kelompok dibantuan ku guru pikeun ngarumuskeun udaganana
jeung ngarumuskeun jalan kaluar pikeun ngungkulan masalahna.
c. Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah PBL
Léngkah-léngkah modél pangajaran Berbasis Masalah PBL bisa ditengetan dina tabel ieu di handap
Tabel 2.2 Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah
Fase-fase Aktivitas Guru jeung Siswa
Fase 1 Oriéntasi siswa kana
masalah. Ngajéntrékeun tujuan pangajaran.
Ngajéntrékeun logistik anu diperlukeun. Nyumangetan siswa pikeun aktif dina ngungkulan
masalah anu geus dipilih. Fase 2
Ngaorganisasikeun siswa. Mantuan siswa nyieun wangenan jeung
ngaorganisasikeun pancén diajar anu raket patalina jeung masalah anu keur ditalungtik.
Fase 3 Ngabimbing
panalungtikan Ngadorong siswa pikeun ngumpulkeun informasi anu
luyu, ngalaksanakeun éksperimén, sarta pikeun ngungkulan masalah.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
46
Fase-fase Aktivitas Guru jeung Siswa
individukelompok. Fase 4
Mekarkeun jeung nyodorkeun hasil karya.
Mantuan siswa dina ngararancang jeung nyiapkeun karya anu luyu jeung masalah anu keur ditalungtik,
saperti: laporan, modél, atawa babagi pancén jeung babaturan.
Fase 5. Ngaanalisis jeung
ngaévaluasi prosés ngungkulan masalah.
Ngaévalusi hasil diajar ngeunaan matéri anu geus dipikanyahoménta kelompok pikeun préséntasi hasil
gawé siswa.
Fase 1: Ngaoriéntasikeun Siswa kana Masalah Aya opat hal anu kudu dipilampah dina ieu prosés.
1 Tujuan utama pangajaran lain pikeun ngulik sawatara matéri anyar,
tapi pikeun ngulik masalah-masalah penting jeung kudu kumaha jadi siswa anu mandiri.
2 Masalah jeung panalék anu keur diulik henteu mibanda jawaban anu mutlak. Ku kituna, hiji masalah anu rumit atawa komplék baris mibanda
loba cara pikeun ngungkulanana. 3 Salila keur aya dina tahap panalungtikan, siswa didorong pikeun
nyodorkeun panalék jeung néangan informasi. 4 Salila tahap analisis, siswa didorong pikeun nyodorkeun ide-idena
kalawan jéntré.
Fase 2: Mengorganisasikeun Siswa pikeun Diajar Di sagigireun mekarkeun kaparigelan ngungkulan masalah, Modél
Pangajaran PBL ogé ngadorong siswa sangkan diajar kolaborasi, gawé babarengan, sharing jeung siswa anu séjénna. Ku kituna, guru bisa
ngamimitian kagiatan diajar ku cara ngawangun kelompok-kelompok siswa pikeun ngungkulan masalah anu béda-béda.
Fase 3: Mantuan Panalungtikan Mandiri jeung Kelompok Panalungtikan mangrupa inti tina PBL. Sok sanajan unggal-unggal
masalah merlukeun téhnik panalungtikan anu béda-béda, kalawan ngalibetkeun karakter anu idéntik, nyaéta: ngumpulkeun data,
éksperimén, hipotésis, jeung cara ngungkulan masalah.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
47
2
Fase 4: Mekarkeun jeung Nyodorkeun Artéfak Hasil Karya jeung Pameran
Tahap panalungtikan diteruskeun ku nyiptakeun artéfak hasil karya jeung pameran. Artéfak bisa mangrupa laporan tinulis, video tape
nuduhkeun situasi masalah jeung cara ngungkulan masalah anu diusulkeun, modél wujud kalawan fisik tina situasi jeung cara
ngungkulanana, program komputer, jeung multimedia. Léngkah saterusna nyaéta siswa mamérkeun hasil karyana, guru mibanda peran
salaku organisator pameran.
Fase 5: Analisis jeung Évaluasi Prosés Ngungkulan Masalah Siswa ngaanalisis jeung ngaévaluasi prosés panalungtikanana. Guru
méré pancén ka siswa pikeun merekonstruksi pemikiran jeung kagiatan anu geus dipilampah dina proses diajar.
d. Conto Larapna Modél Pangajaran Berbasis Masalah dina Basa Sunda di SMP