Prinsip-prinsip Pamarekan Saintifik Pangalaman Diajar dina Pendekatan Saintifik

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 26 babarengan ngungkulan robahna jaman luyu jeung pameredih pangajaran.

c. Prinsip-prinsip Pamarekan Saintifik

prinsip-prinsip pamarekan saintifik ngawengku: 1 siswa dibéré jalan pikeun néangan kanyaho, 2 siswa diajar ngagunakeun rupa-rupa sumber, 3 prosés pangajaran ngagunakeun pamarekan saintifik, 4 pangajaran dumasar kana kompeténsi, 5 pangajaran terpadu, 6 pangajaran leuwih ngutamakéun jawaban rupa-rupa watekdivergen siswa anu mibanda bebeneran nu sipatna multi diménsi loba, 7 pangajaran dumasar kana kaparigelan aplikatif, 8 ngaronjatkeun kasaimbangan, kesinambungan tuluy tumuluy, jeung a pakaitna antara soft skills jeung hard skills; b pangajaran anu nerapkeun ajen- ajening ngarso sung tulodo, ngawangun kahayang ing madyo mangun karso, jeung mekarkeun karancagéan siswa dina prosés pangajaran tut wuri handayani, c pangajaran lumangsung di imah, di sakola, jeung di masarakat, d ngamangpaatkeun teknologi informasi jeung komunikasi pikeun ngaronjatkeun efisensi jeung éféktifitas pangajaran, e pangajaran merhatikeun karakteristik kompeténsi siswa luyu jeung kasang tukang budayana; jeung f suasana diajar pikaresepeun.

d. Pangalaman Diajar dina Pendekatan Saintifik

Pamarekan saintifik ngawengku lima pangalaman diajar saperti anu dijéntrékeun dina ieu tabel. Tabel 1.3 Déskripsi Léngkah Pangajaran Pamarekan Saintifik Léngkah Pangajaran Déskripsi Kagiatan Wangun Hasil Diajar Nengetan Observing Déskripsi kagiatan nengetan maké indra maca, ngadéngékeun, ngaregepkeun, nonton maké alat atawa henteu maké alat. Wangun hasil diajar nyoko kana nengetan hiji obyékmaca tulisanngadéngékeun paparan tur nyieun catetan ngeunaan hal anu ditengetan, sarta waktu on task anu digunakeun pikeun observasi. Nanya Questioning Nyieun pananya jeung nyodorkeun pananya, tanya jawab, sawala ngeunaan informasi matéri anu tacan Rupa, kualitas, jeung jumlah panalék nu disodorkeun ka siswa panalék anu sipatna faktual, konséptual, prosédural, jeung PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 27 1 dicangkem, atawa pikeun klarifikasi. hipotétik Ngumpulkeun informasinyoba experimenting Ngaéksplorasi, nyoba, sawala, ngadémonstrasikeun, niru wangungerak, ngalakukeun éksperimén, maca sumber lain salian ti buku téks, ngumpulkeun data tina sumber séjénna mangrupa angket, wawancara, jeung ngamodifikasinambahan mekarkeun. Jumlah jeung kualitas sumber anu digunakeun, kalengkepan informasi, validasi informasi anu dikumpulkeun, jeung instruménalat anu digunakeun. nalarngaasosiasi associating Ngolah inforamsi anu geus dikumpulkeun, ngaanalisis data dina wangun kategori, ngaasosiasi, atawa matalikeun fénoménainformasi dina raraga manggihan hiji hal. Mekarkeun interprétasi, arguméntasi, jeung nyindekkeun patalina informasi tina dua faktakonsép. Ngomunikasikeun communicating Nyodorkeun laporan dina wangun bagan, diagram, atawa grafik; nulis laporan, nyodorkeun laporan nu ngawengku: prosés, hasil, jeung kacindekkan kalawan lisan. Nyodorkeun hasil kajian tina observasi nepi ka nalar dina wangun tulisan, grafis, media elektronik, multi media, jeung nu séjénna.

e. Conto Larapna Pamarekan Saintifik dina Pangajaran Basa Sunda di SMP