PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
16
1 Improvisasi 2 Lakon pondok tur lucu
3 Rupa-rupa simulasi 4 Dialog jeung bermain peran
5 Sistem konversasi jeung sawala 6 Debat
Gambar 1. 5 Komunikasi Interaksi Sosial
e. Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif
Aya dalapan aspék anu raket patalina jeung pamarekan komunikatif Nunan, 1989 dina Solchan, spk.2001:6.6. Hiji-hijina bisa ditingali dina
tabél ieu di handap.
Tabel 1.1 Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif
No. Aspék
Keberma’naan dina Pamarekan Komunikatif 1
2 3
1. Tiori Basa Pamarekan komunikatif dumasar kana téori basa anu
nétélakeun yén hakékatna basa téh nyaéta sistem pikeun ngaéksprésikeun
ma’na, anu tujuan utamana kana diménsi sémantik jeung komunikatif tibatan kana ciri-ciri gramatikal basa.
Ku kituna, nu jadi hal utamana masalah interaksi komunikasi basa.
2. Tiori Diajar Tiori diajar anu luyu jeung pamarekan komunikatif nyaéta tiori
pemerolehan basa kahiji kalawan alamiah. Ieu tiori nganggap yén diajar basa baris éféktif lamun diajarkeun kalawan alamiah,
nepi ngaliwatan komunikasi langsung ngagunakeun éta basa. 3.
Tujuan Pangabutuh siswa dina diajar basa raket patalina jeung
pangabutuh pikeun komunikasi. Ku kituna, tujuan pangajaran basa nyaéta mekarkeun kamampuh siswa pikeun bisa
komunikasi. Jadi, ayana kagiatan aworna kompeténsi jeung pérformansi komunikasi.
4. Silabus
Silabus pangajaran kudu disusun luyu jeung tujuan pangajaran jeung pangabutuh siswa.
5. Tipe
Kagiatan Dina pangajaran basa Sunda anu nerapkeun pamarekan
komunikatif, siswa dibawa kana situasi komunikasi anu nyata, saperti silih tukeuran informasi, négosiasi riil, jst.
6. Peran
Guru Peran guru dina pangajaran anu nerapkeun pamarekan
komunikatif, utamana salaku fasilitator, partisipan, analisis pangabutuh, konselor, jeung manajer prosés diajar.
Komunikasi Interaksi
Sosial
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
17
1
No. Aspék
Keberma’naan dina Pamarekan Komunikatif
7. Peran
Siswa Peran siswa dina pangajaran basa Sunda anu nerapkeun
pamarekan komunikatif minangka nu ngajalanan jeung nu narima, negosiator, jeung interaktor. Ku kituna siswa henteu
ngan saukur pangabisa kana wangun basa, tapi ogé nyangkeum
wangun jeung ma’na basa nu dipatalikeun jeung kontéks dipakéna éta basa.
8. Peran
Matéri Matéri kudu dirarancang jeung diajarkeun ka siswa dina raraga
ngarojong usaha ngaronjatkeun kaparigelan basa. Sumber: diadaptasi tina Santosa, Universitas Terbuka,2008:2.36
Larapna pamarekan komunikatif dina pangajaran basa Sunda dibagi jadi dua kagiatan, nyaéta kagiatan anu museurkeun kana parigel activities
focusing on fluency jeung kagiatan anu museurkeun merenah activities focusing on accuracy. Guru basa Sunda di SMP disarankeun sangkan
ngagunakeun dua jenis kagiatan kalawan saimbang. Kagiatan basa Sunda anu museurkeun kana parigel activities focusing on
fluency, ngawengku: 1 ngaréfléksikeun ngagunakeun basa kalawan alamiah; 2 fokus kana kahontalna tujuan komunikasi; 3 ngagunakeun
basa kalawan berma’na; 4 ngagunakeun stratégi komunikasi; 5
ngahasilkeun basa anu mungkin muncul ngadadak teu diduga-duga; jeung 6 ngagunakeun basa luyu jeung kontéks digunakeunanan basa
Sunda.
2. Pamarekan Saintifik dina Pangajaran Tematik Terpadu Basa Sunda di SMP