PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
94
Téks éksplanasi nyaéta karangan anu eusina mangrupa hiji topik anu raket patalina jeung kajadianprosés fénoména alam atawa sosial anu lumangsung
dina kahirupan sapopoé. Téks éksplanasi mibanda tujuan pikeun méré informasi anu lengkep tur jéntré, sangkan nu maca paham atawa ngarti
ngeunaan peristiwafénoména anu kajadian. Téks éksplanasi mibanda tujuan pikeun ngajawab panalék: kumaha, naha
, anu sipatna “sebab akibat”. Struktur téks éksplanasi adalah: 1 general statement pedaran umum, 2
sequence of explanation runtuyan pangjéntré, jeung 3 closing panutup. Pedaran umum sipatna umum, nyaéta gambaran awal ngeunaan topik anu
rék ditepikeun atawa masalah anu rék dipedar dina téks ‘eksplanasi. Pedaran umum kudu ditulis kalawan narik ati, supaya nu maca daék maca
téks éksplanasi kalawan gembleng Runtuyan panjéntréruntuyan sabab musabab Sequence of Explanation
Runtuyan sabab musabab mangrupa bagéan inti anu rék ditepikeun. Eusina mangrupa sabab musabab tina fénoména anu rék dipedar. Dina ieu bagéan
aya rupa-rupa kécap panyambung konjungsi. Biasana dina urutan sabab musabab aya sababaraha bagéan. Bagéan ahir téks éksplanasi nyaéta
panutup closing. Panutup eusina mangrupa intisari atawa kacindekan tina fénoména anu dipedar.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu
benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem materi ajar.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
95
3
Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa =
x 100 5
Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100
= alus pisan 80 - 89
= alus 70 - 79
= cukup - 69 = kurang
Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem matéri ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 4. Tapi, lamun tahap
ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 3, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan
saregep, taliti, tur disiplin.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
96
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
97
4
KAGIATAN DIAJAR 4
WANGUN JEUNG STRUKTUR GUGURITAN SARTA CARITA PONDOK
A. Tujuan
Tujuan Kagiatan Diajar 4 1. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon mampuh ngajéntrékeun
wangenan guguritan kalawan percaya diri. 2. Sanggeus diskusi, pamilon mampuh méré conto wangun guguritan
kalawan kréatif. 3. Sanggeus diskusi, pamilon mampuh ngajéntrékeun adegan guguritan
kalawan percaya diri. 4. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon mampuh ngajéntrékeun
wangenan carita pondok kalawan taliti. 5. Sanggeus diskusi, pamilon mampuh ngaidéntifikasi ciri-ciri carita pondok
kalawan kréatif. 6. Sanggeus diskusi, pailon mampuh ngajéntrékeun kamekaran carita
pondok kalawan percaya diri. 7. Sanggeus migawe latihan, pamilon mampuh méré conto wangun jeung
unsur intrinsik carita pondok kalawan kréatif.
B. Indikator Kahontalna Kompeténsi
Di handap ieu Indikator Kahontalna Kompeténsi Kagiatan Diajar 4. 1. Ngajéntrékeun wangenan guguritan.
2. Méré conto wangun guguritan. 3. Ngajéntrékeun adegan guguritan.
4. Ngajéntrékeun wangenan carita pondok. 5. Ngaidéntifikasi ciri-ciri carita pondok.
6. Ngajéntrékeun kamekaran carita pondok. 7. Méré conto wangun jeung unsur intrinsik carita pondok.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
98
C. Pedaran Matéri