Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Guguritan di kalangan masarakat Sunda mah geus teu anéh deui, tapi barudak jaman kiwari geus teu wanoh deui kana guguritan komo anu di kota mah ngan saukur apal pupuh wungkul, biasana pupuh anu apal ogé masih hiji dua. Ku kituna, pangajaran guguritan kudu bisa dimumulé deui sangkan teu leungit, teu kaéléhkeun ku mekarna jaman. Guguritan ogé kaasup kana karya sastra anu perlu dimekarkeun deui ku masarakat Sunda, ku sabab salasahiji warisan anu mangrupa karya sastra titinggal kolot jaman baheula. Ku kituna éta titinggal kolot jaman baheula téh ulah nepikeun ka leungit. Dina pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, guguritan kaasup kana salasahiji pangajaran anu penting diajarkeun ku sabab dina ieu pangajaran siswa teu ngan saukur diajar nyieun guguritan tapi ogé kudu bisa nembangkeunana. Nembangkeun guguritan teu bisa sagawayah, ku sabab guguritan diwangun ku guru lagu jeung guru wilangan dina unggal pupuh anu dipakéna. Guguritan biasana diwangun minimal ku hiji pupuh, pupuh naon waé bisa dipaké asal eusi guguritan kudu bisa disesuaikeun jeung eusi pupuhna. Lamun geus apal kana guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh, nyieun guguritan téh moal hésé kusabab guguritan mah teu béda jauh jeung pupuh, anu ngabédakeunna eusi jeung runtuyan jalan caritana. Ari guguritan mah mangrupa karangan déskriptif dina wangun pupuh. Nurutkeun data hasil wawancara jeung guru mata pelajaran basa Sunda SMP Kartika Siliwangi XIX- 2 Kota Bandung, kamampuh siswa dina pangajaran nyusun guguritan siswa kelas VIII, masih loba kenéh bangbaluh anu karandapan dina pangajaran nyusun guguritan. Misalna, siswa masih can apal kana pupuh jeung jenis-jenis pupuh, sedengkeun dina pangajaran Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu guguritan mah aya pangaruhna anatara pangajaran guguritan jeung pangajaran pupuh téh. Kitu ogé dina pangajaran basa Sunda umumna masih kénéh kurang nyugemakeun. Masih aya sababaraha urang siswa anu peunteun basa Sundana masih sahandapeun peunteun rata-rata, tapi aya ogé sababaraha urang anu peunteunna leuwih gedé. Rata-rata peunteun siswa dina pangajaran basa Sunda masih di handapaeun KKM 70. Mata pelajaran basa Sunda masih kaéléhkeun ku mata pelajaran basa deungeun. Ku kituna dina pangajaran basa Sunda di sakola kudu bisa leuwih ngirut ati sangkan siswa bisa jadi resep kana pangajaran basa jeung sastra Sunda. Anu jadi bangbaluhna nyaéta cara ngajar guru anu masih perlu dironjatkeun, kumaha carana sangkan siswa bisa leuwih sugema diajar basa Sunda. Métode ceramah anu monoton, atawa cara pangajaran nu ngan saukur ngajelaskeun tapi teu diajarkeun ogé prak-prakanna, bisa ngabalukarkeun siswa kurang ngarti kana naon anu diajarkeun ku guru. Ku lantaran kitu, unggal guru perlu ngagunakeun cara-cara séjén anu leuwih ngirut ati siswa dina kagiatan pangajaran basa Sunda. Salasahiji cara sangkan siswa bisa kairut ku cara ngagunakeun média atawa modél dina kagiatan diajar ngajar di jero kelas, sangkan siswa teu ngarasa bosen. Patali jeung masalah nu dipedar di luhur, panalungtik boga sawangan salasahiji tarékah pikeun ngungkulan ieu masalah téh nyaéta ngagunakeun modél pangajaran. Modél pangajaran mangrupa pedoman dina ngalaksanakeun kagiatan diajar pikeun guru jeung murid. Modél pangajaran jaman ayeuna geus rupa-rupa, tapi aya salasahiji modél anu bisa dipaké dina pangajaran sastra wangun pupuh nyaéta modél STAD. Modél Student Teams Achievement Division anu saterusna disingget jadi STAD mangrupa salasahiji modél pangajaran cooperative learning nu ngutamakeun ayana aktivitas jeung intéraksi unggal siswa pikeun silitulungan jeung ngamotivasi dina ngawasa materi pangajaran sacara maksimal anu Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu ditepikeun ku guru. Modél pangajaran ieu dimekarkeun ku Slavin dina taun 1995 Isjoni, 2009: kc. 28. Modél pangajaran kooperatif tipe STAD mangrupa tipe modél pangajaran kooperatif sacara kelompok anu luyu digunakeun pikeun pemula, ku sabab pangajaran kooperatif tipe STAD ieu kaasup kana modél anu babari teu hésé saperti modél anu sején dina ngalarapkeunna. Ku kituna panalungtik milih modél diajar kelompok kooperatif tipe STAD. Salian tina ngalakukeun kagiatan diajar sacara kelompok, unggal siswana ogé ditungtut bisa diajar mandiri lantaran di ahir pangajaran diayakeun kuis pikeun ngukur kamampuh unggal siswana. Panalungtikan saméméhna ngeunaan nyusun guguritan nyaéta: ”Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTS YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012- 2013” anu ditulis ku Purwanti Indra Sumantri eusi skripsina ngadeskripsikeun hasil tina pangajaran nyusun guguritan. Dina skripsi Purwanti, pangajaran guguritan anu ditalungtikna téh teu ngagunakeun modél atawa média, tapi ngalakukeun pangajaran guguritan biasa hasil tina pangajaran guguritan éta téh dideskripsikeun dina skripsina. ”Média Visual dina Pangajaran Nulis Guguritan di kelas VIII SMPN 15 Bandung Studi Kuasi Eksperimen” anu ditulis ku Haat Rahmawati eusi skripsina nerangkeun ngeunaan kamampuh nulis guguritan ngagunakeun media visual. Dina skripsi Haat, pangajaran guguritan anu ditalungtikna téh ngagunakeun média visual. Bedana jeung panalungtikan anu baris dilaksanakeun ayeuna mah ngagunakeun modél, bakal diuji coba ngagunakeun modél naha sanggeus ngagunakeun modél hasil dinapangajaran nulis guguritan bakalan aya bedana atawa henteu. Dumasar kana kasang tukang di luhur, panalungtikan anu dijudulan “Modél Pangarajan Kooperatif Tipe Student Teams Achievement Division STAD dina Nyusun Guguritan Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas VIII A SMP Kartika Siliwangi 2 Bandun g Taun Ajaran 20132014” perlu dilaksanakeun. Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah

Dokumen yang terkait

Perbedaan hasil belajar biologi siswa antara pembelajaran kooperatif tipe stad dengan metode ekspositori pada konsep ekosistem terintegrasi nilai: penelitian quasi eksperimen di SMA at-Taqwa Tangerang

0 10 192

Penerapan model pembelajaran kooperatif dengan teknik Student Teams Achievement Division (STAD) untuk meningkatkan hasil belajar fiqih di MTs Nurul Hikmah Jakarta

0 9 145

Penerapan model pembelajaran kooperatif student teams achievement division dalam meningkatkan hasil belajar siswa pada mata pelajaran fiqih: penelitian tindakan kelas VIII-3 di MTs Jami'yyatul Khair Ciputat Timur

0 5 176

The Effectiveness Of Using The Student Teams Achievement Divisions (STAD) Technique Towards Students’ Understanding Of The Simple Past Tense (A Quasi-Experimental Study at the Eighth Grade Students of SMP Trimulia, Jakarta Selatan)

1 8 117

Komparasi hasil belajar metode teams games tournament (TGT) dengan Student Teams Achievement Division (STAD) pada sub konsep perpindahan kalor

0 6 174

The effectiveness of using student teams achievement division (stad) technique in teaching direct and indirect speech of statement (A quasi experimental study at the eleventh grade of Jam'iyyah Islamiyyah Islamic Senior high scholl Cege)

3 5 90

Applying Student Teams Achievement Division (STAD) Technique to Improve Students’ Reading Comprehension in Discussion Text. (A Classroom Action Research in the Third Grade of SMA Fatahillah Jakarta)

5 42 142

Penerapan Model Pembelajaran Kooperatif Student Teams Achievement Division dalam Meningkatkan Hasil Belajar Siswa Pada Mata Pelajaran Fiqih (Penelitian Tindakan Kelas VIII-3 di Mts. Jam'yyatul Khair Ciputat Timur)

0 5 176

Eksperimen Pembelajaran Matematika dengan Model Pembelajaran Kooperatif Tipe Student Teams Achievement Division (STAD) Eksperimen Pembelajaran Matematika dengan Model Pembelajaran Kooperatif Tipe Student Teams Achievement Division (STAD) ditinjau dari

0 2 17

STUDI KOMPARASI METODE PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE STUDENT TEAMS ACHIEVEMENT DIVISION (STAD) STUDI KOMPARASI METODE PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE STUDENT TEAMS ACHIEVEMENT DIVISION (STAD) DENGAN METODE PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE TEAMS GAME TOUR

0 1 15