Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu
1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Identifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan diidentifikasi ieu di handap.
1 Siswa masih kurang motivasi diajarna, ku sabab métode pangajaran guru
anu monoton, ku kituna siswa babari ngarasa bosen sarta kagiatan diajarna ogé jadi kurang éféktif.
2 Kréativitas guru anu masih kurang motekar dina kagiatan pangajaran di
kelas, anu jadi sabab pangajaran basa Sunda kurang ngirut ati siswa. Guru kuduna bisa leuwih kréativ dina nyiptakeun kayaan sarta kagiataan ngajar
anu bisa ngirut ati siswa sangkan siswa bisa leuwih daria diajar basa Sunda.
3 Média di sakola masih kurang loba dina ayana média ogé, kadang masih
jarang dipaké. Média di sakola téh kudu bisa dimangpaatkeun sanajan ngan saeutik ogé ari médiana sok dimangpaatkeun mah bisa ngarojong
lumangsungna prosés diajar ngajar di kelas. Sangkan
masalah dina ieu panalungtikan puguh jujutanana, sarta
kawatesanan ku waktu jeung kamampuh panalungtik, ku kituna panalungtikan ieu diwatesanan ngan maluruh kumaha nerapkeun modél pangajaran kooperatif
tipe STAD dina nyusun guguritan.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana identifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1 Kumaha kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung dina nyusun
guguritan saméméh ngagunakeun modél kooperatif tipe STAD? 2
Kumaha kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung dina nyusun guguritan sabada ngagunakeun modél kooperatif tipe STAD?
Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu
3 Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa SMP Kartika
Siliwangi 2 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe STAD?
1.3 Tujuan Panalungtikan