Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu
3 Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa SMP Kartika
Siliwangi 2 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe STAD?
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta hayang nguji modél kooperatif tipe STAD pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nyusun
guguritan.
1.3.2 Tujuan Husus
Dina ieu panalungtikan miboga sawatara tujuan anu sifatna husus, nyaéta ngadeskripsikeun:
1 Kamampuh siswa dina nyusun guguritan saméméh ngagunakeun modél
kooperatif tipe STAD; 2
Kamampuh siswa dina nyusun guguritan sanggeus ngagunakeun modél kooperatif tipe STAD;
3 Béda anu signifikan antara kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2
Bandung saméméh
jeung sabada
ngagunakeun modél
pangajaran kooperatif tipe STAD
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Sacara tioritis
mangpaat tina
ieu panalungtikan
nyaéta pikeun
ngeuyeuban élmu pangaweruh hususna dina widang pangajaran nulis guguritan ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe STAD
Sacara praktis mangpaat tina ieu panalungtikan nyaéta, pikeun:
Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu
1 Siswa, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa
dina nyusun guguritan; 2
Guru, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan timbangan pikeun guru nepikeun materi pangajaran nyusun guguritan ka siswana; jeung
3 Panalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh
jeung wawasan ngunaan pangajaran nyusun guguritan ngagunakeun kooperatif tipe STAD.
1.5 Raraga Nulis
Ieu skripsi ngawengku lima bab, bab I ngawengku kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung
raraga tulisan. Dina bab II dipedar ngeunaan tatapakan tiori anu dimimitian ku hakékat
modél pangajaran, Rumpun modél pangajaran, komponen modél pangajaran, jeung modél pangajaran kooperatif tipe STAD. Pedaran ngeunaan guguritan
nyaéta wangenan, papasingan jeung conto guguritan. Pedaran pupuh dina guguritan nyaéta wangenan, wanda pupuh jeung watekna, guru wilangan, guru
lagu, pada, padalisan sarta conto pupuhna. Salian ti éta dina ieu bab ogé medar ngeunaan raraga mikir sarta hipotésis panalungtikan.
Bab III eusina ngawengku ngeunaan métodologi panalungtikan. Eusina ngawengku lokasi jeung jejer panalungtikan, desain panalungtikan, variabel
panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan sarta téknik panalungtikan.
Dina bab
IV didéskripsikeun
ngeunaan hasil
panalungtikan anu
ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa tina hasil panalungtikan sarta ngadéskripsikeun bédana hasil antara saméméh jeung
sabada ngagunakeun modél pangajaran STAD dina nyusun guguritan siswa SMP.
Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu
Bab V eusina ngawengku kacindekan jeung rékomendasi kana panalungtikan anu geus dilakukeun.
Nurunnisa Suminar, 2014 MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION STAD DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Ieu panalungtikan dilaksanakeun di kelas VIII SMP KARTIKA SILIWANGI 2 Bandung anu alamatna di Jl. Pak Gatot Raya no.73 KPAD
Gegerkalong Bandung. Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta murid- murid kelas VIII A SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung anu jumlah siswana 36
urang ngawengku 20 urang siswa lalaki 16 urang siswa awéwé. Data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta hasil diajar siswa dina
pangajaran nyusun guguritan ngagunakeun modél kooperatif tipe Student Team Achievement Division STAD ka siswa kelas VIII A SMP Kartika Siliwangi 2
Bandung Taun Ajaran 20132014. Dipilih ieu kelas jadi sumber panalungtikan téh dumasar kana kaayaan peunteun pangajaran basa Sunda anu rendah
dibandingkeun kelas VIII séjénna.
3.2 Desain Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan digunakeun desain panalungtikan métode kuasi éksperimén Pre-Experimental Design. Métode kuasi éksperimén mangrupa
hiji métode panalungtikan anu digunakeun dina hiji kelas éksperimén kalawan teu ngabutuhkeun kelas pembanding. Kamampuh siswa dina ieu panalungtikan
bisa diukur maké Tés awal, Treathment, jeung Tés ahir, nya éta diukur saacan ngagunakeun modél, dibéré perlakuan ngagunakeun modél, jeung sanggeus
ngagunakeun modél. Design panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta One-Group Pretest-Posttest Design, dina Sugiono 2013, kc.111
= nilai pretest = nilai postest
Ku kituna, data hasil perlakuan bisa katingali leuwih akurat, ku sabab bisa dibandingkeun kaayaan saméméh jeung sabada dibéré perlakuan.
X