PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
7
jeung 5 Ngalarapkeun Konsép Téks Téks Prosédur Kompléks pikeun Bahan Pangajaran.
Matéri 4: Wangun jeung Unsur Intrinsik Dongéng, ngawengku: 1 Ciri-ciri Wangun Carita Dongéng, 2 Papasingan Dongéng, 3 Unsur
Intrinsik Carita Dongéng, jeung 4 Conto Cara Ngalarapkeun Konsép Wangun jeung Unsur Intrinsik Dongéng pikeun Bahan
Pangajaran di SMA, SMK.
E. Cara Ngagunakeun Modul
Aya sawatara hal nu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu percaya diri yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu
kreatif narékahan sangkan meunang informasi optimal tina modul. Katilu, Sadérék perlu niténan kalawan taliti jeung migawé latihan sacara babarengan
tur tanggung jawab nu dipidangkeun dina ahir pedaran. Titénan jeung pigawé tiap bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina tiap
bahan nu dipidangkeun. Ulah poho migawé sakur latihan-latihan jeung évaluasi dina saban bagian modul.
Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék ngeunaan ieu bahan kagiatan diajar baris dinilai ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi. Dina maca, nengétan,
jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul Sadérék dipiharep macana jeung ngulikna kalawan mandiri, kreatif, sistematis, tur taliti. Lamun
manggihan bangbaluh dina mahamkeunana jeung dina ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi sacara babarengan jeung
kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka fasilitator.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
8
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
9
.
KOMPETÉNSI
PÉDAGOGIK:
KURIKULUM 2013 DINA PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMASMK
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
10
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
11
KAGIATAN DIAJAR 1
Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013, SKL, KI, KD, IPK Basa Sunda Dumasar Kurikulum 2013 di
SMASMK
A. Tujuan
Saréngséna maca sacara mandiri, Kagiatan Diajar I, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan 1 Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013;
jeung 2 nganalisis SKL, kalawan religius, mandiri, gotong royong, integritas, jeung nasionalis.
B. Indikator Pencapaian Kompeténsi
Indikator pencapaian kompeténsi kagiatan diajar 1 ngawengku ieu di handap. 1. Ngajéntrékeun rasional mekarkeun Kurikulum 2013 kalawan pinuh ku
rasa daria. 2. Nganalisis SKL, KI, KD, IPK Basa Sunda dumasar Kurikulum 2013 di
SMA, SMK kalawan gemet tur taliti.
C. Pedaran Matéri 1. Kurikulum 2013