PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
16
kudu dipuseurkeun kana ngawangun kasadaran jeung rasa peduli generasi ngora nyanghareupan lingkungan alam sangkan mampuh ngungkulan masa-
lah sacara kreatif, tanggung jawab, gawé bareng, silih bantuan, tur gotong royong.
4 Landasan Téoritik
Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar tiori „Pendidikan Berdasarkan Standar‟ Standar-Based-Education, jeung tiori kurikulum berbasis kompetensi. Pen-
didikan dumasar standar nya éta pendidikan anu netepkeun standar nasional salaku kualitas minimal warganegara pikeun hiji jenjang atikan. Kurikulum
berbasis kompetensi dirarancang pikeun méré pangalaman diajar salega- legana ka siswa pikeun mekarkeun sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan anu
diperlukeun pikeun ngawangun kamampuh anu cindek dina SKL. Hasil ieu pangalaman diajar téh nya éta hasil diajar siswa anu ngagambarkeun manusa
nu miboga kualitas nu cindek dina SKL.
d. Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013
Undang-Undang Nomer 20 taun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nétélakeun yén kurikulum nya éta rarancang jeung aturan ngeunaan tujuan,
eusi, sarta bahan pangajaran sarta cara anu digunakeun pikeun padoman lumangsungna kagiatan pangajaran keur ngahontal tujuan pendidikan anu
tangtu.
Dumasar kana wangenan di luhur, aya dua diménsi kurikulum. Kahiji nya éta rarancang jeung aturan ngeunaan tujuan, eusi, jeung bahan pangajaran.
Kadua, cara anu digunakeun pikeun kagiatan pangajaran.
Kurikulum 2013 mimiti dilarapkeun taun ajaran 20132014 pikeun nedunan dua diménsi di luhur.Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar kana ayana
pangabutuh internal jeung éksternal. Ieu dua faktor téh baris dipedar di handap.
1 Pangabutuh Internal
Pangabutuh internal raket patalina jeung kaayaan kondisi pendidikan utamana patali jeung pamérédih atikan anu museur kana dalapan Standar Nasional
Pendidikan nu ngawengku: Standar Isi, Standar Prosés, Standar Kompeténsi
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
17
Lulusan, Standar Pendidik dan Tenaga Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pengelolaan, Standar Pembiayaan, sarta Standar
Penilaian Pendidikan. Pangabutuh internal raket patalina jeung mekarna jumlah penduduk Indonésia hususna tina tumuwuhna penduduk umur
produktif.
Danget ayeuna jumlah penduduk Indonésia umur produktif 15-64 taun leuwih loba batan umur anu teu produktif 0-14 taun jeung kolot umur 65 ka
luhur. Jumlah umur produktif bakal nepi kana puncakna dina taun 2020- 2035, nu angkana nepi ka 70. Ku kituna, masalah gedé anu disanghareupan
téh nya éta kumaha carana narékahan sangkan sumberdaya manusa umur produktif anu loba téh bisa ditransformasikeun nepi ka jadi sumber daya
manusa anu mibanda kompeténsi jeung kaparigelan ngaliwatan atikan, sarta henteu ngabeungbeuratan nagara.
Gambar 1.2 Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013
2 Pangabutuh Éksternal
Pangabutuh éksternal raket patalina jeung arus globalisasi sarta rupa-rupa isu ngeunaan masalah lingkungan hidup, kamajuan téhnologi jeung informasi,
nguliatna industri kréatif jeung budaya, sarta mekarna atikan di tingkat internasional. Arus globalisasi baris ngagésér pola hirup masarakat tina
agraris jeung perniagaan tradisional kana masarakat industri jeung perdagangan modérn saperti World Trade Organization WTO, Association of
Southest Asian Nations ASEAN Community, Asia-Pacific Economic Cooperation APEC, jeung ASEAN Free Trade Area AFTA.
Rasional Mekarkeun
Kurikulum Tantangan
Eksternal Tantangan
Internal
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
18
Pangabutuh éksternal raket patalina jeung ngagésérna ékonomi dunya, pangaruh tina héabna teknosains jeung mutu, invéstasi, sarta transformasi
dina widang atikan. Indonesia ilubiung dina studi International Trends in International Matéhmatics and Science Study TIMSS jeung Program for
International Student Assessment PISA ti taun 1999. Préstasi siswa Indonésia dina sababaraha kali laporan anu dikaluarkeun TIMSS jeung PISA
teu pati alus. Ieu hal dibalukarkeun lantaran lobana matéri uji dina TIMSS jeung PISA teu aya dina kurikulum Indonésia.
e. Penyampurnaan Pola Pikir Kurikulum 2013