PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
37
KAGIATAN DIAJAR 2
NYUSUN RPP BASA SUNDA DUMASAR KURIKULUM 2013 JEUNG PRAKTÉK NGAJAR
BASA SUNDA DI SMASMK
A. Tujuan
Saréngséna ngalaksanakeun kagiatan diajar 2, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan 1 cara nyusun RPP anu ngawengku hakékat, prinsip,
komponén, léngkah-léngkah katut prakna nyieun RPP; jeung 2 ngalarapkeun prakték ngajar basa Sunda di SMASMK kalawan réligius, mandiri, gotong
royong, integritas, jeung nasionalis.
B. Indikator Kahontalna Kompeténsi
Indikator kahontalna kompeténsi tina ieu kagiatan diajar, nya éta bisa: 1. nyusun RPP kalawan nalingakeun kana hakékat, prinsip, komponén, jeung
léngkah-léngkahna kalawan pinuh ku rasa tanggung jawab; jeung 2. ngalaksanakeun prakték ngajar basa Sunda kalawan pinuh ku rasa bungah
tur taat hukum.
C. Pedaran Matéri 1. Rencana Pelaksanaan Pembelajaran
a Hakékat Rencana Pelaksanaan Pembelajaran RPP Dumasar kana Permendikbud no. 22 taun 2016 ngeunaan Standar Prosés
Pendidikan Dasar dan Menengah, RPP téh rarancang kagiatan pangajaran tatap muka pikeun hiji lawungan sapoé. RPP téh museur kana kagiatan
peserta didik pikeun ngahontal Kompetensi Dasar anu geus ditangtukeun. Unggal guru wajib nyusun RPP bari lengkep tur sistematis sangkan
pangajaran lumangsung sacara interaktif, inspiratif, gumbira, menantang, éfesién, ngamotivasi siswa pikeun aktif, sarta méré tempat anu cukup pikeun
prakarsa, kréativitas, sarta mandiri luyu jeung bakat, minat, kaayaan fisik sarta psikologis siswa. RPP disusun dumasar KD atawa subtéma anu
dilaksanakeun dina hiji lawungan atawa leuwih.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
38
Prinsip-Prinsip Mekarkeun RPP
Prinsip-prinsip anu kudu diperhatikeun dina nyusun RPP dumasar kana Lampiran Permendikbud Nomor 22 Tahun 2016: 7-8 nya éta ngawengku ieu
di handap.
1 RPP disusun kalawan niténan béda-bédana kamampuh awal, tingkat inteléktual, minat, motivasi diajar, bakat, poténsi, kamampuh sosial,
émosi, gaya diajar, kabutuh husus, gancangna diajar, kasang tukang budaya, norma, nilai, jeungatawa lingkungan siswa.
2 Ngalibetkeun siswa sacara aktif 3 Museur ka siswa. Prosés pangajaran dirarancang pikeun ngadorong
motivasi, minat, kréativitas, inisiatif, kamandirian, jeung sumanget diajar, ngagunakeun pamarekan saintifik.
4 Ngaronjatkeun budaya maca jeung nulis sangkan bisa mekarkeun karesep maca jeung literasi tur bisa midangkeun dina wangun tulisan
5 Méré unduring laku umpan balik jeung lajuning laku tindak lanjut. RPP eusina kudu ngandung rarancang umpan balik positif, penguatan,
pengayaan, jeung rémedial. 6 Antara KI, KD, IPK, matéri pangajaran, kagiatan pangajaran, penilaian,
jeung sumber diajar kudu dalit dina hiji beungkeutan pangalaman diajar. 7 RPP disusun kalawan ngaakomodasi pangajaran tématik terpadu,
keterpaduan lintas mata pelajaran, lintas aspek diajar, jeung karagaman budaya
8 Ngamangpaatkeun téhnologi informasi jeung komunikasi TIK. RPP disusun kalawan niténan dilarapkeunana TIK bari awor, sistematis,
jeung éféktif luyu jeung situasi-kondisi.
b Komponén RPP
Dina Permendikbud Nomer 22 Taun 2016 2016: 6 ditétélakeun yén RPP sakurang-kurangna kudu ngawengku:
1 identitas sakola nya éta ngaran satuan pendidikan; 2 identitas mata pelajaran atawa temasubtema;
3 kelassemester; 4 materi pokok;
5 alokasi waktu anu disaluyukeun jeung KD tur beban diajar peserta didik;
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
39
6 tujuan pangajaran disusun dumasar KD kalawan ngagunakeun kata kerja operasional anu bisa diukur;
7 kompetensi dasar jeung indikator pencapaian kompetensi; 8 materi pangajaran anu ngawengku fakta, konsep, prinsip, dan prosedur
tur ditulis dumasar kana IPK; 9 metode pangajaran, digunakeun pikeun nyipta kondisi diajar anu
nyugemakeun malah mandar bisa ngahontal KD anu geus ditetepkeun; 10 media pembelajaran, mangrupa alat bantu anu dipaké dina
lumangsungna prosés pangajaran pikeun nepikeun materi ajar; 11 sumber belajar, bisa mangrupa buku, média cetak atawa éléktronik,
lingkungan sabudeureunna jeung sumber séjénna anu dianggap cocok; 12 langkah-langkah
pembelajaran ngawengku
kagiatan bubuka
pendahuluan, inti, dan panutup penutup; jeung 13 penilaian hasil pembelajaran.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
40
Gambar 2.1 Format RPP Luyu Jeung Permendikbud no 22 Taun 2016
RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN RPP Satuan Pendidikan :
Mata Pelajaran
: Kelas Semester
: Materi Pokok
: Alokasi Waktu
: A. TUJUAN PEMBELAJARAN
B. KOMPETENSI DASAR DAN INDIKATOR PENCAPAIAN KOMPETENSI