Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 35 Pendidik dan Tenaga Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pengelolaan, dan Standar Pembiayaan. SKL téh kritéria kualifikasi kamampuh siswa anu dipiharep tur bisa dihontal sanggeus ngaréngsékeun jangka waktu diajarna di satuan pendidikan dina jenjang Pendidikan Dasar jeung Pendidikan Menengah. Numutkeun Permendikbud No. 20 taun 2016, tujuan SKL nya éta digunakeun pikeun acuan utama mekarkeun standar isi, standar prosés, standar penilaian pendidikan, standar pendidik dan tenaga kependidikan, standar sarana jeung prasarana, standar pengelolaan, jeung standar pembiayaan. Kompeténsi Inti KI mangrupa tingkat kamampuh pikeun ngudag SKL anu kudu dipibanda ku siswa SDMI, SMPMTs. SMAMA, jeung SMKMAK dina hiji tingkat atikan. KI dirarancang pikeun unggal kelas. Ngaliwatan KI, sinkronisasi horizontal rupa-rupa KD antarmata pelajaran dina kelas anu sarua bisa dijaga. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu bener, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh Sadér‟ek nyangkem materi ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu bener Tahap pangabisa = x 100 5 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 36 Tahap pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup 69 = kurang Lamun kamampuh Sadérék ngahontal 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun kamampuh Sadérék kurang ti 80, pék malikan ngaderes deui matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan mandiri tur sumanget. Réfleksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diilukan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun préstasi diajar murid SD, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can Kahontal”. No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis parobahan kurikulum katut Muatan Lokal Basa Sunda tingkat SMA kalawan ngalarapkeun ajén- inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngalarapkeun SKL, KI, KD jeung IPK tingkat SMA kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 37 KAGIATAN DIAJAR 2 NYUSUN RPP BASA SUNDA DUMASAR KURIKULUM 2013 JEUNG PRAKTÉK NGAJAR BASA SUNDA DI SMASMK

A. Tujuan

Saréngséna ngalaksanakeun kagiatan diajar 2, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan 1 cara nyusun RPP anu ngawengku hakékat, prinsip, komponén, léngkah-léngkah katut prakna nyieun RPP; jeung 2 ngalarapkeun prakték ngajar basa Sunda di SMASMK kalawan réligius, mandiri, gotong royong, integritas, jeung nasionalis.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi