PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
1
BUBUKA
A. Kasang Tukang
Guru mangrupa salah sahiji profési anu pohara pentingna pikeun nangtukeun maju mundurna atikan di hiji nagara. Lain ngan saukur
népakeun pangaweruh wungkul, tapi leuwih jero deui nyiapkeun para panerus bangsa generasi muda sangkan bisa tapis, rancagé jeung miboga
karakter anu hadé.
Dumasar kana amanat dina Undang-Undang Nomor 14 Tahun 2015 ngeunaan Guru jeung Dosén, guru jeung tenaga kependidikan sawadina
diajénan sarta dimekarkeun salaku profési anu mibanda martabat. Sabab, guru jeung tenaga kependidikan téh tanaga profésional anu mibanda fungsi,
peran, sarta kalungguhan anu kacida pentingna dina ngahontal visi pendidikan 2025, nya éta:
“Menghasilkan Insan Indonesia Cerdas dan kom- petitif Insan KamilInsan Paripurna
.” Anu dimaksud insan Indonesia anu cerdas nya éta insan anu cerdas sagemblengna sacara komprehensif anu
ngawengku: cerdas spiritual, cerdas émosional, cerdas sosial, cerdas in- teléktual, jeung cerdas kinéstétik. Patali jeung ieu hal, aya lima nilai utama
karakter, nya éta: religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integri- tas.
Minangka tarékah pikeun ngaronjatkeun kamampuh guru basa Sunda tangtu perlu ayana program-program anu ngarojong salah sahijina program diklat,
Program Guru Pembelajar Basa Sunda dilaksanakeun ku PPPPTK TK PLB. Program Guru Pembelajar Basa Sunda mikabutuh modul pikeun salah sahiji
sumber diajar pamilon diklat. Modul basa Sunda winangun bahan ajar dirarancang sangkan pamilon diklat mampuh diajar sacara mandiri.
Modul Pengembangan keprofesian berkelanjutan Guru Basa Sunda Kelompok Kompetensi D téh ngawengku 4 kagiatan diajar, nya éta saperti
ieu di
handap .
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
2
Kagiatan Diajar 1 : Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013, SKL, KI, KD, IPK Basa Sunda dumasar Kurikulum 2013 di SMASMK.
Kagiatan Diajar 2 : Nyusun RPP Basa Sunda jeung Prakték Ngajar Basa Sunda nu Luyu jeung Standar Kaamanan di SMASMK.
Kagiatan Diajar 3 : Téks Anékdot jeung Téks Prosedur Kompléks. Kagiatan Diajar 4 : Wangun jeung Unsur Intrinsik Dongéng pikeun
Pangajaran di SMASMK. Kompetensi pédagogik jeung kaprofésional dina ieu modul, diaworkeun
jeung konsép Penguatan Pendidikan Karakter PPK anu ngawengku lima ajén-inajén dasar, nya éta réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung
integritas.
1 Ajén réligius bisa katingali tina pengkuh dina ngalaksanakeun ibadah, taat kana ajaran agama nu dicepengna, toleransi ngajénan agama nu
séjénna, pengkuh pamadegan, percaya diri, sosobatan, ihlas, teu maksakeun kahayang sorangan, tur ngariksa kana sakumna ciptaan
Manten-Na.
2 Ajén nasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ekonomi,
sarta pulitik. Cindekna, kapentingan balaréa jadi hal anu kudu diheulakeun.
3 Ajén mandiri bisa katitén tina sikep: ngahargaanngaaprésiasi budaya sorangan, ngariksa budaya sorangan, pinunjul tur mimoga préstasi, nyaah
ka lemah cai, ngajaga lingkungan sabudeureunana, disiplin, jeung ngajenan rupaning buaya, suku, jeung agama.
4 Ajén gotong royong ébréh tina paripolah: silih hargaan, daék gawé bareng, inklusif, miboga komitmet kana hasil rembugan sarerea,
musyawarah mupakat, silih tulungan, anti diskriminatif, rempug jukung sauyunan dina nyanghareupan pasualan, sarta resep nyarita jeung teu
kurung batok.
5 Ajén integritas ébréh tina paripolah: jujur, satia, miboga komitmen moral, anti korupsi, adil, tanggung jawab, suri toladan, silih hargaan.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
Lima ajén-inajén di luhur ebreh dina ieu modul, boh dina tujuan, materi, lati- han, atawa lumangsungna prosés pangajaran. Sanggeus medar ieu modul,
guru dipiharep mampuh ngaronjat boh kompetensi pedagogik boh profesion- al tur ngalarapkeun ajén-inajén PPK dina hirup kumbuh sapopoé, boh keur
dirina sorangan boh keur siswana.
B. Tujuan