Kagiatan Pangajaran Tingkesan Darpan, M.Pd.; 081214591759; darpan0405gmail.com Perevisi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 33 melaporkan memilih mengatakan memilah menyumbang pendapat memadukan mengelola menegosiasi membuktikan memecahkan Tabél 1.5 Kata Kerja Operasional Ranah Psikomotorik Meniru Manipulasi Presisi Artikulasi Naturalisasi Menyalin Mengikuti Méréplikasi Mengulangi Mematuhi Kembali membuat Membangun Melakukan, Melaksanakan, Menerapkan Menunjukkan Melengkapi Menunjukkan, Menyempurnakan Mengkalibrasi Mengendalikan Membangun Mengatasi Menggabungkan Koordinat, Mengintegrasikan Beradaptasi Mengembangkan Merumuskan, Memodifikasi Mendesain Menentukan Mengelola Menciptakan

D. Kagiatan Pangajaran

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék kalawan percaya diri tur gawé babarengan jeung fasilitor séjénna, nyoko kana runtuyan kagiatan nu ngalarapkeun Model Literasi Kewacanaan CALISLAUJI, saperti ieu di handap. 1. Maca tujuan jeung indikator kalawan daria tur sumanget. 2. Maca kalawan intensif pedaran bahan ngeunaan Rasional Mekarkeun Kuikulum 2013, jeung SKL, KI, KD, sarta IPK Pangajaran Basa Sunda kalawan konsentrasi tur sumanget. 3. Nulis raguman materi unggal-unggal kagiatan diajar dumasar kana materi anu geus dibaca kalawan rancagé tur taliti. 4. Ngaregepkeun paparan materi ti fasilitator, tanya jawab, jeung sawala kelompok pikeun migawé latihanpancén kalawan percaya diri. 5. Latihan soal-soal pilihan ganda pikeun persiapan postes kalawan daria. 6. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén kalawan rancagé. 7. Ngalaksanakeun postes di TUK anu geus ditangtukeun kalawan konséntrasi, daria, jeung tanggung jawab. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34 E. LatihanKasusPancén 1. Tuliskeun rasional mekarkeun Kurikulum 2013 ditilik tina faktor internal 2. Jéntrékeun penyempurnaan pola pikir Kurikulum 2013 3. Tuliskeun penguatan tata kelola kurikulum 2013 4. Jéntrékeun penguatan materi dina Kurikulum 2013 5. Tuliskeun opat élemén parobahan Kurikulum 2013

F. Tingkesan

Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar kana ayana Pangabutuh internal jeung éksternal. Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar kana penyempurnaan pola pikir penguatan : 1 pola diajar-ngajarnu museur ka siswa. Siswa kudu miboga kabébasan pikeun milih matéri jeung gaya diajar learning style sangkan mibanda kompeténsi anu sarua, 2 pola diajar- ngajar interaktif, boh antara siswa jeung siswa, siswa jeung guru, siswa jeung média, atawa siswa jeung sumber lingkungan, 3 pola diajar-ngajar sacara jejaring siswa nyuprih élmu ti saha waé jeung di mana waé ngaliwatan internét, 4 diajar-ngajar aktif néangan diajar-ngajar siswa aktif anu diwewegan ku pamarekan saintifik, 5 pola diajar mandiri jeung kelompok dumasar kana tim work, 6 diajar-ngajar berbasis multimédia, 7 pola diajar-ngajar dumasar klasikal-masal anu tetep niténan mekarna poténsi siswa. Penguatan matéri dina Kurikulum 2013 dipilampah ku cara ngurangan jumlah matéri anu teu luyu, sarta ngajeroan jeung ngalegaan matéri anu luyu pikeun siswa. Karakteristik Kurikulum 2013di antarana baé: 1 mekarkeun saimbangna antara sikep spiritual jeung sosial, pangaweruh, jeung kaparigelan, sarta ngalarapkeunana dina rupa-rupa situasi di sakola jeung di masarakat, 2 merenahkeun sakola minangka bagian tina masarakat anu méré pangalaman diajar sangkan siswa mampuh ngalarapkeun materi pangajaran anu dicuprih di sakola dina kahirupan masarakat. Numutkeun Permendikbud nomer 20 taun 2016, SKL Kurikulum 2013 nya éta kritéria ngeunaan kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. SKL digunakeun pikeun acuan utama Standar Isi SI, Standar Prosés, Standar Penilaian Pendidikan, Standar PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 35 Pendidik dan Tenaga Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pengelolaan, dan Standar Pembiayaan. SKL téh kritéria kualifikasi kamampuh siswa anu dipiharep tur bisa dihontal sanggeus ngaréngsékeun jangka waktu diajarna di satuan pendidikan dina jenjang Pendidikan Dasar jeung Pendidikan Menengah. Numutkeun Permendikbud No. 20 taun 2016, tujuan SKL nya éta digunakeun pikeun acuan utama mekarkeun standar isi, standar prosés, standar penilaian pendidikan, standar pendidik dan tenaga kependidikan, standar sarana jeung prasarana, standar pengelolaan, jeung standar pembiayaan. Kompeténsi Inti KI mangrupa tingkat kamampuh pikeun ngudag SKL anu kudu dipibanda ku siswa SDMI, SMPMTs. SMAMA, jeung SMKMAK dina hiji tingkat atikan. KI dirarancang pikeun unggal kelas. Ngaliwatan KI, sinkronisasi horizontal rupa-rupa KD antarmata pelajaran dina kelas anu sarua bisa dijaga. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku