MACA JERO HATE No. NGADISKUSIKEUN UBAR-UBARAN No.

37

Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 5 Tema : Pentingna Kaséhatan jeung Ubar-ubaran Tradisional Bahan : Bahasan Média : Téks Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham ubar-ubaran, medar istilah ubar-ubaran, ngalarapkeun kecap, ngajembaran kaweruh, jeung nyatet rupa- rupa ubar-ubaran tradisional. KAGIATAN DIAJAR Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya enam bagian, nyaéta 1 maca jero haté, 2 ngadiskusikeun ubar-ubaran, 3 medar istilah ubar-ubaran, 4 ngalarapkeun kecap, 5 ngajembaran kaweruh ubar-ubaran, jeung 6 migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATE No.

Kagiatan 1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal. 2. Guru nitah murid disina maca jero haté téks déskripsi anu témana ‘Pentingna Kaséhatan jeung Ubar-ubaran Tradisional’ kalawan judul “Ubar Ajaib di sabudeureun Urang”. 3. Guru nitah murid disina niténan eusi bacaan nu judulna “Ubar Ajaib di sabudeureun urang”.

B. NGADISKUSIKEUN UBAR-UBARAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina maham eusi téks déskripsi anu témana ‘Pentingna Kaséhatan jeung Ubar-ubaran Tradisional’ kalawan judul “Ubar Ajaib di sabudeureun Urang”. 38 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas V 2. Guru nitah murid disina ngelompok pikeun ngadiskusikeun eusi téks “Ubar Ajaib di sabudeureun urang” ku cara ngajawab soal nu geus disayagikeun. Pananya jeung jawaban nu kudu ditepikeun ku murid bisa dititénan ieu di handap. Kelompok 1: 1 Catet aya zat naon nu dikandung ku buah apel? mineral, vitamin, asam amino, jeung gula alami. 2 Bisa dipaké ubar naon waé buah apel téh? Apel mantuan meresihan saluran dahareun jeung meresihkeun ginjel, bisa dipaké daya tahan awak. 3 Sangkan jadi ubar, kudu dikumahakeun apel téh? Pikeun ngubaran kasakit, dianjurkeun nginum jus apel satengah létér dina sapoéna. Kelompok 2: 1 Di lebah mana kentang téh loba ngandung gizina? gizina téh aya dina handapeun cangkangna. 2 Naon sababna mun mesék kentang ulah jero teuing? Ngarah gizina henteu kapiceun. 3 Bisa dipaké ubar naon waé beuti kentang téh? Kentang bisa mantuan ngaleungitkeun karedut handapeun panon jeung bareuh panon sarta ubar rieut. Kelompok 3: 1 Naon gunana bawang bodas téh pikeun kaséhatan? Hasiatna téh bisa muka saluran getih jeung antibiotik anu hadé. 2 Ti baheula mula bawang bodas téh sok dipaké ubar. Ubar naon waé nu bisa dicageurkeun ku bawang bodas? Bawang bodas biasa dipaké ngubaran panas, batuk, bronhitis, jeung kasakit tikoro. 3 Mun dicampurkeun kana susu, bawang bodas téh naon hasiatna? Mun dicampurkeunana kana susu, bawang bodas bisa ngurangan kasakit darah tinggi jeung rieut. Kelompok 4: 1 Lebah mana bédana bawang bodas jeung bawang beureum téh? Béda jeung bawang bodas, ari bawang beureum mah bisa maéhan kuman, luar atawa jero awak urang. 2 Bisa dipaké keur ngubaran naon waé bawang beureum téh? Bawang beureum, hasiatna ngalancarkeun saluran dahareun jeung pamiceunan hamperu sarta nurunkeun tekanan getih. 3 Keur pertolongan pertama, bawang beureum téh bisa dipaké keur ngubaran naon? Mun aya nu demam jeung salésma. 39

Bab 2 Pituduh Husus