NGAJEMBARAN WAWASAN CARPON No. NÉANGAN HARTI KECAP No.

55

Bab 2 Pituduh Husus

Pananya jeung alternatif jawaban kana kalimah nu kudu dilengkepan ku rupa-rupa kecap nu geus dirarangkénan. Ieu di handap aya kalimah-kalimah anu geus dikosongkeun. Pék lengkepan ku milih kecap nu geus disadiakeun di gigirna. 1. Di perpsutakaan mah buku __E__ téh lengkep. A. maca 2. Cing, Ua___H____ surat, Dén B. dibaca 3. Buku téh __D___ hiji-hiji taya nu kaliwat. C. macaan 4. Ki Uding keur ____I_____ surat ku incuna. D. dibacaan 5. Pék___G____ heula pituduh keur ngajawabna. E. bacaan 6. Ujang keur __A___ buku di kamerna. F. babacaan 7. Uni keur _J_ pituduh nginum obat keur ninina. G. baca 8. Buku téh__B_ sing imeut, ulah aya nu kaliwat. H. pangmacakeun 9. Méméh indit ka sakola, Nunu _F_ heula. I. dipangmacakeun 10. Déwi keur _C_ surat nu katarima ku manéhna. J. mangmacakeun

D. NGAJEMBARAN WAWASAN CARPON No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina maca deui téks carpon anu judulna “Ngabuburit”. 2. Guru nitah murid disina niténan eusi téks carpon anu judulna “Ngabuburit”. 3. Guru nitah murid sangkan maham eusi téks carpon “Ngabuburt” ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun. Sangkan hidep leuwih nyangkem eusi caritana, pék jawab pananya ieu di handap 1 Naon téma nu dicaritakeun dina carpon di luhur? Kamasarakatan sosial. 2 Saha waé palaku dina éta carpon? Ais abdi, mamah, Ceuceu, Tétéh, Wa Didi, Wa Mimih. Kumaha watek palakuna? Ais abdi watekna sabar, Mamah watekna bageur, Wa Didi jeung Wa Mimih watekna bageur, Tétéh watekna perhatian. 3 Di mana, iraha, jeung kumaha suasana kajadian dina éta carpon? Kajadiaanana di imah, di jalan, jeung di bumi Wa Didi. Waktuna pabeubeurang maju ka soré. Suasanana pikareuwaseun lantaran Ceuceu pias tur kapaéhan. 56 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas V 4 Kumaha galur caritana éta carpon téh? Ceuceu nu keur puasa aya nu ngajak ngabuburit. Tapi di jalan Ceuceu teu kiat nahan lapar, teras pias tur kapaéhan. Ceuceu dirawat di bumina Wa Didi. Ceuceu dieueutan susu coklat sagelas. Ahirna Ceuceu dijajapkeun uih tur diganding ku Wa Didi. 5 Ngagunakeun kecap-kecap naon, pangarang nyebutkeun palaku dina éta carpon? Ku omongan jeung paripolah panyatur. 6 Amanat naon nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca dina éta carpon? Di antara papada urang kudu silih tulungan.

E. NÉANGAN HARTI KECAP No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina maca deui téks carpon anu judulna “Ngabuburit”. 2. Guru nitah murid néangan harti kecap tina kamus nu geus dilarapkeun kana kalimah. 1 ngabuburit = Ulin keur ngadagoan waktu magrib. Bulan puasa sok réa barudak ngabuburit. 2 kapungkur = Baheula, baréto Bandung téh kapungkur mah teu ramé cara ayeuna. 3 kapilanceuk = anak ua, sifat lanceuk Pernahna Béni ka Kang Dadi téh kapilanceuk. 4 ngalakonan = ngalaman Urang wajib ngalakonan salat nu lima waktu. 5 diwidian = diidinan Abdi diwidian wangsul ti sakola margi udur. 6 munggaran = mimiti Tangkal nu munggaran buahanana mah biasana tara leubeut. 7 disuguhan = dibéré idangan Kuring jeung babaturan disuguhan dahar ku Pa Guru. 8 nyuhunkeun = ménta Kang Nandang nyuhunkeun widi ka wali kelas bade wangsul. 9 ngawartosan = ngabéjaan Apip ngawartosan guru-guru kedah gempungan. 10 hanaang = hayang nginum, aus Ku margi olah raga di nu panas waé, abdi jadi hanaang. 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngahartikeun kecap nu dilarapkeun kana kalimah. 57

Bab 2 Pituduh Husus