NGALARAPKEUN KECAP No. MOLAHKEUN PAGUNEMAN No. MIGAWÉ LATIHAN No.

33

Bab 2 Pituduh Husus

C. NGALARAPKEUN KECAP No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina niténan heula conto ngalarapkeun kecap kana kalimah. 2. Guru nitah murid disina paham kana ngalarapkeun rarangkén di-+-keun jeung N-+-keun. Contona: disurawungan → nyurawungan Pais lauk emas disurawungan ku Bu Euis. Bu Euis nyurawungan pais lauk emas. 3. Guru nitah murid disina ngarobah kecap pagawéan pasif di-+-keun kana kecap pagawéan aktif N-+-keun. 4. Guru nitah murid disina ngalarapkeun kecap pagawéan aktif N-+-keun kana kalimah. Pananya jeung jawaban nu kudu dipidangkeun ku murid bisa dititénan ieu di handap. 1. dibungkusan → mungkussan Buku keur dibungkusan ku Ujang. Ujang keur keur mungkusan buku. 2. diguratan → ngaguratan Keretas keur diguratan ku Dédi. Dédi keur ngaguratan keretas. 3. diwarnaan → ngawarnaan Gambar keur diwarnaan ku Néni. Néni keur ngawarnaan gambar. 4. diajaran → ngajaran Sepédah keur diajaran ku Féri. Féri keur ngajaran sepédah. 5. dipilihan → milihan Tiung keur dipilihan ku Bu Euis. Bu Euis keur milihan tiung. 6. dibacaan → macaan Majalah keur dibacaan ku barudak. Barudak keur macaan majalah. 7. diseuseuhan → nyeuseuhan Pakéan keur diseuseuhan ku bibi. Bibi keur nyeuseuhan pakén. 8. dijawab → ngajawab Soal-soal dina buku keur dijawab ku barudak. Barudak keur ngajawab soal-soal dina buku. 34 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas V 9. diayuman → ngayuman Kecrik keur diayuman ku Mang Uhén. Mang Uhén keur ngayuman kecrik. 10. Dicéboran → nyéboran Kekembangan dina pot keur dicéboran ku bapa. Bapa keur nyéboran kekembangan dina pot. 5. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan aktif sarta larapna kana kalimah.

D. MOLAHKEUN PAGUNEMAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina maca jero haté téks nu judulna “Pohoan”. 2. Guru nitah murid ngelompok, tuluy sina maca bedas paguneman giliran luyu jeung peranna séwang-séwangan. 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina molahkeun paguneman nu judulna “Pohoan”.

E. MIGAWÉ LATIHAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina niténan soal-soal nu geus disayagikeun. 2. Guru nitah murid disina ngajawab soal-soal nu geus disayagikeun. Soal jeung jawaban nu kudu dijawab ku murid bisa dititénan ieu di handap. 1. Saha nu datang ka imah Risal téh? Wa Jéjén jeung Wa Nénéng 2. Ari indung bapana Risal saha ngaranna? Pa Gumilar jeung Bu Euis 3. Ari Wa Jéjén jeung Risal téh kumaha pancakakina? Uwa jeung suan. 4. Naon hartina paribasa “rempug jukung sauyunan”? Hirup akur tur babarengan. 5. Naon paribasa mun urang ngahargaan ka sémah? Soméah hadé ka sémah. 6. Tuluykeun paribasa “ulah pagiri-giri calik, ….”? Pagirang-girang tampian. 35

Bab 2 Pituduh Husus