MACA MANDIRI DI IMAH No. NGARANG CARPON No.

57

Bab 2 Pituduh Husus

F. MACA MANDIRI DI IMAH No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina maca deui téks carpon anu judulna “Teu Damang Aki” di imahna séwang-séwangan. 2. Guru nitah murid disina niténan eusi téks carpon “Teu Damang Aki”. 3. Guru nitah murid disina maham eusi ték carpon “Teu Damang Aki” ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun. Pikeun maham eusina, pék jawab sakur pananya ieu di handap. 1 Naon téma nu dicaritakeun dina éta carpon téh? Kamasarakatan sosial. 2 Kumaha ari watekna Aki téh? Bageur. 3 Ari kaayaan Aki ayeuna kumaha? Teu damang. 4 Jaba ti Aki, saha waé nu dicaritakeun dina éta carpon téh? Eni, Bi Eni, Nyai, Jati, Ibu, jeung Ayah. 5 Iraha jeung di mana kajadian carita dina éta carpon téh? Di imah Jati, di bumi Aki, jeung di rumah sakit. 6 Badé naon Aki téh dicandak ka rumah sakit? Dirawat margi teu damang. 7 Kumaha galur atawa runtuyan caritana éta carpon téh? Aki teu damang répot, teras dicandak ka rumah sakit sarta dirawat. Di rumah sakit Aki diantosan ku Ibu. Ayah ogé rumah sakit ningal Aki bari mapagkeun Ibu. Abdi sareng Jati dititipkeun ka Bi Eni. Waktos abdi hudang, ayah nuju bobo sareng Jati. Ari Ibu nuju ngetik. 8 Ngagunakeun kecap-kecap naon pangarang dina nyebutkeun palaku carita? Ngagunakeun omongan jeung paripolah palakuna. 9 Kunaon Aki téh teu damangna? Aki téh gohgoy, sareng énggal capé upami mapah. 10 Kudu kumaha urang téh ceuk éta carpon? Kudu nyaah ka sepuh, komo pami sepuh teu damang mah.

G. NGARANG CARPON No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina ngarang carpon. 58 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas V 2. Ngarah babari, guru nitah murid nuluykeun carpon nu can réngsé anu geus disayagkeun. KA MUSEUM SRIBADUGA ………… Di perjalanan barudak éak-éakan bari kakawihan. Maranéhna bangun nu barungaheun naker. Ari sababna, tara biasana diabringkeun ku guruna diajar ka luar sakola. Harita ogé maranéhna diajak diajar ka Museum Sribaduga. Sanggeus nepi ka tujuan, mobil diparkir di buruan museum. Barudak kalaluar tina mobil angkutan bari ngagarandong kantong. Barudak diaping ku guruna asup ka rohangan museum. Samémeh nempoan barang-barang nu aya di museum, barudak disina ngadagoan heula lantaran Pa Wandi rék meuli heula karcis. Pa Wandi leumpang muru ka lokét karcis, tuluy meuli keur sajumlah barudak. Geus kitu, ngagupayan barudak sangkan nuturkeun asup ka gedong museum. Sanggeus digupayan, barudak arasup nuturkeun Pa Wandi. Di rohangan aya rupa-rupa barang kuno saperti kujang, keris, mangkok, piring, malah aya naskah buhun. Pokona mah rupa-rupa barang titinggal karuhuna urang Sunda aya. Dina unggal barang dingaranan. Jaba ti éta, aya patugas anu nerangkeun rupa-rupa barang titinggal karuhun. Asalna ti mana jeung ti jaman iraha. Kira-kira tabuh 12-an, rombongan barudak kaluar ti musieum, tuluy ngarumpul di béh juru. Barudak maruka bekel dahareun. Tuluy balakecrakan dalahar bangun nu ni’mateun pisan. Pa Wandi ogé teu kaliwat milu ngariung jeung barudak. Sanggeus réngsé dalahar mah, barudak haranjat deui kana mobil rombongan. Rék baralik ka imahna séwang-séwangan. Tapi mobil romobongan mah jajapna nepi ka sakolana. Najan kitu, ari nu imahna kaliwatan mah tarurun di jalan. 3. Guru meunteun murid dina ngarang carpon ku cara nuluykeun carita nu can lengkep.

H. NYARITAKEUN EUSI CARPON No.