MEDAR KAULINAN No. Pituduh Husus

11

Bab 2 Pituduh Husus

B. MEDAR KAULINAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina maca deui tur niténan kaulinan “Cingciripit” nu geus dibacana. 2. Guru ngajéntrékeun perkara kaulinan “Cingciripit” Kaulinan cingciripit atawa sok aya ogé nu nyebut dingding kiripit. Ieu kaulinan téh basajan pisan. Cukup ku tiluan atawa opatan tur carana gampang. Salasaurang namprakkeun leungeun, ari nu séjénna neundeun curuk kana dampal leungeun nu ditamprakkeun téa. Sanggeus kitu, nu namprakkeun leungeun téh ngawih kieu. Cingciripit tulang bajing kacapit kacapit ku bulu paré bulu paré seuseukutna jol pa dalang mawa wayang jrék-jrék nong…. Waktu ngucapkeun “jék-jék nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy dikeupeulkeun. Ari tujuanana pikeun nyapit curuk téa. Saha-saha nu kacapit curukna, jadi ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakkeun dampal leungeun bari kakawihan “Cingciripit”. Guru nitah murid ngajawab pananya nu disayagikeun pikeun ngukur paham henteuna kana eusi bacaan. Pananya jeung jawabanana ébréh ieu di handap. 1 Saha waé barudak nu karumpul téh? Féri, Deni, Tanu, Hari, jeung Neng Uni. 2 Ngayakeun kaulinan naon barudak téh? Cingciripit. 3 Ti iraha barudak téh sosobatanana? Ti kelas hiji kénéh. 4 Jaba ti natangga jeung sosobatan, kumaha barudak téh di sakolana? Sakelompok. 5 Sakurang-kurangna sabaraha urang kaulinan cingciripit téh? Tiluan. 6 Kumaha cara-carana ari kaulinan cingciripit? Salasaurang namprakkeun dampal leungeun. Nu séjénna nunjukkeun curuk kana luhur dampal leungeun. Engké bari ngawih pagancang-gancang metot curukna. Anu telat metot sarta kacekel jadi ucing. Kudu tuluy jadi nu namprakkeun dampal leungeun. 7 Keur naon gunana namprakkeun leungeun dina kaulinan cingciripit? Keur tempat nunjukkeun jeung nyimpen curuk sarta ngerewek curuk nu telah dikejatkeunana. 8 Nyaritakeun naon eusi kakawihan cingciripit téh?Nyaritakeun saha nu kudu jadi ucing 12 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas V 9 Naon nu kacapit téh? Curuk. Jeung naon anu nyapitna? Bulu paré. Kumaha akibatna mun curuk kacapit? Nyeri. 10 Keur naon tujuanana dampal leungeun nu namprak dikeupeulkeun? Keur néwak atawa ngerewek curuk nu telah dikejatkeunana. 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya nu disayagikeun.

C. NGAJEMBARAN WAWASAN No.