MACA BEDAS No. MAHAM EUSI PAGUNEMAN No.

31

Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 4 Tema : Hirup Rukun Bahan : Paguneman Média : Téks Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca bedas, maham eusi paguneman, ngalarapkeun kecap, molahkeun paguneman, ngalengkepan paguneman, jeung nyungsi paguneman katut molahkeunana. Kagiatan Diajar Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya lima bagian, nyaéta 1 maca bedas, 2 maham eusi paguneman, 3 ngalarapkeun kecap, 4 molahkeun paguneman, 5 migawé latihan, 6 ngalengkepan paguneman, jeung 7 migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap

A. MACA BEDAS No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid disina maca jero haté téks nu témana ‘Hirup sauyunan’ kalawan judul “Nganjang”. 2. Guru nitah murid ngelompok, tuluy sina maca paguneman giliran luyu jeung peranna séwang-séwangan. 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina molahkeun paguneman nu judulna “Nganjang”.

B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sangkan ngelompok pikeun ngayakeun diskusi. 2. Guru nitah murid sina maham eusi paguneman ku cara ngajawab pananya nu disayagikeun. Dina ngajawab pananya, murid bisa ngayakeun diskusi kelompok. 32 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas V 3. Pananya jeung jawaban pikeun unggal kelompok bisa dititénan ieu di handap. Kelompok I: Saha waé nu ngayakeun paguneman téh? Wa Jéjén, Risal, Pa Gumilar, Néndén, Bu Euis, Wa Nénéng. Kumaha kira-kira watek nu paguneman? Bageur tur daréhdéh. Kelompok 2: Pernah kumaha Risal jeung Wa Jéjén? Risal téh suanna Wa Jéjén atawa Wa Jéjén téh uwana Risal. Antara Pa Gumilar sareng Wa Jéjén? Wa Jéjén téh rakana Pa Gumilar. Ari antara Risal jeung Néndén kumaha pancakakina? Néndén téh adina Risal. Kelompok 3: Kumaha kaayaan atawa suasana dina paguneman di luhur? Susana dina paguneman téh aya dina suasana kukulawargaan. Tina naon kapanggihna gambaran hirup sauyunan? Tina obrolan antara kulawarga Wa Jéjén jeung Pa Gumilar. Kelompok 4: Naon nu diobrolkeun dina paguneman di luhur? Tali mimitran, nyaéta nganjangna Wa Jéjén ka kulawarga Pa Gumilar. Kudu kumaha urang hirup ceuk éta paguneman téh? Kudu hirup akur, duduluran, jeung kukulawargaan. Kelompok 5: Ari éta dua kulawarga téh mindeng panggih atawa henteu? Langka panggih lantaran ku kasibukan masing-masing kulawarga. Naon nu nuduhkeunana? Waktu Wa Jéjén nganjang ka Pa Gumilar, duanana uplek ngobrol bakat ku sono. Kelompok 6: Sareng naon taruangna éta dua kulawarga téh? Pais lauk emas disurawungan. Kasedep saha tuangeun téh? Kasedep Wa Jéjén. 3. Guru nitah wawakil kelompok nepikeun hasil diskusina di hareupeun babaturan sakelasna. 33

Bab 2 Pituduh Husus