NGADISKUSIKEUN PUPUH No. NGALARAPKEUN KECAP No.

19

Bab 2 Pituduh Husus

B. NGADISKUSIKEUN PUPUH No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niténan deui pupuh maskumambang nu geus ditembangkeun. 2. Guru nitah murid maham eusi pupuh maskumambang ku cara ngajawab pananya nu disayagikeun. Jawaban didiskusikeun ku murid-murid dina kelompokna. KELOMPOK 1 1 Ku naon barudak téh pangna kudu mikir? Lantaran kahutangan. 2 Ti iraha jeung nepi ka iraha barudak kahutangan ku kolot? Ti barang lahir nepi ka ayeuna pisan. KELOMPOK 2 1 Pék badamikeun, kahutangan naon urang ku kolot téh? Jasa. 2 Ari nu disebut kolot urang téh saha waé? Indung jeung bapa. KELOMPOK 3 1 Ari urang wajib hormat ka kolot atawa henteu? Wajib. 2 Saha waé nu kudu dihormat ku urang téh salian ti kolot? Kulawargi. KELOMPOK 4 1 Ku saha urang kahutangan téh? Kolot atawa indung jeung bapa. 2 Kudu ngalobakeun naon urang téh? Silaturahmi. 3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya nu disayagikeun.

C. NGALARAPKEUN KECAP No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina niténan cara ngwangun kecap jeung larapna dina kalimah. Conto: budak → barudak Budak kudu nurut ka kolot. Hé barudak kudu mikir ti leuleutik. 2. Guru nitah murid sina ngawangun kecap rundayan maké rarangkén tengah –ar-. Conton: Budak → barudak 20 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas V 3. Guru nitah murid sina ngalarapkeun kecap rundayan nu geus diwangun maké rarangkén tengah –ar- kanakalimah. Pananya jeung jawabanana ébréh ieu di handap. 1. kolot → karolot Gedang téh geus kolot. Gedang téh buahna geus karolot 2. ngaji → ngaraji Néni keur ngaji di kamerna. Barudak keur ngaraji di masjid. 3. ngawih → ngarawih Nunung ngawih hareupeun babaturanana. Barudak keur ngarawih babarengan. 4. datang → daratang Bakri kakara datang ka sakola. Barudak kakara daratang ka sakola. 5. haseum → haraseum Buah téh atah kénéh dan karasa haseum Buah téh haraseum kieu, nya? 6. ngapungkeun → ngarapungkeun Féri ngapungkeun langlayangan di lapang voli. Barudak ngarapungkeun langlayangan di lapang voli. 7. neundeun → nareundeun Rédi neundeun kantong luhureun bangku. Barudak nareundeun kantong luhureun bangku. 8. bala → barala Buruan téh bala ku runtah. Buruan téh barala ku runtah. 9. ditembangkeun → ditarembangkeun Pupuh pucung ditembangkeun ku Déwi. Pupuh pucung téh ditarembangkeun ku barudak. 10. bodas → barodas Mobil téh cétna bodas. Ki Wanda buukna geus barodas ku huis. 21

Bab 2 Pituduh Husus