Tatapakan Formal Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

4 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas V

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian BPBDK, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah Kurda. Hususna di tingkat SDMI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar- ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar- ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan. Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid. Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9. Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan gradasina henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna panjang-pondokna, basajan-kompleksna kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina gampang-henteuna. 5

Bab 1 Pituduh Umum