MACA ÉNDAH No. Pituduh Husus

67

Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 9 Tema : Miara Lingkungan Bahan : Téks Sajak Waktu : 3 minggu Téma miara lingkungan dina pangajaran ayeuna téh pikeun numuwuhkeun sikep murid salaku mahluk Gusti Alloh anu boga pancén ngariksa lingkungan tempat hirupna. Ieu téma diwadahan dina téks winangun sajak. Murid dilatih maca éndah, anu maksudna pikeun aprésiasi. Kumaha carana murid bisa paham kana eusi sajak. Lian ti éta, maranéhna dilatih nulis sajak deuih, najan karék dina tatahapan anu basajan. KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

A. MACA ÉNDAH No.

Kagiatan 1. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana maca éndah, ngaliwatan karya sastra winangun sajak. Naon ari anu dimaksud maca éndah, pedaranana bisa dititénan dina bab saméméhna anu nerangkeun rupa-rupa maca. 2. Maca éndah dina pangajaran ayeuna tangtu waé ukur dina tatahapan basajan, diluyukeun jeung kamampuh murid kelas III SD. Lantaran anu dibacana winangun sajak, anu dimaksud maca éndah di dieu téh ukur sawates bener tur merenah, ngawengku dina artikulasina jeung dina lentongna, tacan tepi kana tatahapan maca pikeun neleuman karya sastra sacara gembleng. 3. Saluyu jeung téma anu ditangtukeun dina KI-KD, eusi sajak anu dipidangkeun pikeun dibaca éndah téh medar perkara miara lingkungan. Demi sajakna ditulis dina wangun anu basajan. Sapadana diwangun ku opat jajar, jeung saban jajarna diwangun ku dalapan engang. Cindekna téh sajak anu mangrupa sa’ir. Aya anu purwakantina a-a-a-a, a-b-a-b, jeung a-b-b-a. 4. Sajak kahiji judulna “Tatar Sunda”, ari sajak kadua judulna “Usum Panén”, tur masing-masing diwangun ku opat padalisan. 5. Éta sajak anu dua téh ku murid sina dibaraca heula dina jero haté sangkan eusina bisa kajugjugan atawa katangkep. 68 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas III 6. Guru méré conto kumaha prak-prakan maca éta sajak, murid sina ngabarandungan. Ku guru dibaca heula sabalikan. Mimiti sajak anu kahiji heula. 7. Guru maca sapada, sina diturutan ku kabéh murid. Lamun geus réngsé méré conto opat pada, kakara murid dipentés sina maca éndah. 8. Murid maca éndah saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Ngarah saréréa meunang giliran, teu nanaon mun saban murid ukur maca sapada tepi ka dua pada ogé. 9. Saban murid maca sajak, ku guru kudu diperhatikeun, saha anu macana dianggap geus bener tur merenah. Nya murid anu macana geus bener ur merenah ieu anu dipentés sina maca sajak sagemblengna, di hareupeun babaturanana. 10. Saterusna maca éndah téh pindah ka sajak anu kadua. Anu ieu mah pola engangna rada béda ti sajak kahiji. Dina pada katilu, aya jajaran anu ngan ukur diwwangun ku opat engang. 11. Dina maca sajak kadua, mun salah saurang murid keur maca, alusna aya bagian anu sina dibaca babarengan atawa rampak, nyaéta pada katilu, nyaéta lebah: Sieuh, sieuh manuk ulah rék nyampeurkeun hoyah, hoyah manuk ka ditu nyaringkah

B. NGAJAWAB PANANYA No.