49
Bab 2 Pituduh Husus
4. Ku guru diterangkeun saliwat, naon ari nu dimaksud carpon. Yén carpon téh
karangan rékaan anu ditulis dina basa lancaran prosa. Dina dua carpon anu rék dibaca ku murid eusina nyaritakeun pangalaman diri sorangan.
5. Mimitina guru nugaskeun murid pikeun maca bedas carpon kahiji, dibagilirkeun,
upamana waé saurangna opat atawa lima alinéa séwang. Hal éta mah gumantung kana panjangna. Sajeroning dibaca, murid anu séjénna sina ngabarandungan.
B. MACA DINA JERO HATÉ No.
Kagiatan
6. Sanggeus réngsé maca carpon kahiji, diteruskeun kana carpon kadua. Sakur
murid sina nyanghareupan wacana nu kudu dibaca dina jero haté. 7.
Lamun ditilik tina eusina, ieu carpon kadua téh tingkat kasulitanana leuwih luhur batan carpon kahiji. Mémang enya, duanana gé nyaritakeun lalampahan,
tapi dina ieu carpon leuwih mindeng nyaritakeun hasil nengetan palakuna. Ari dina carpon kahiji mah gegedéna nyaritakeun lalampahan anu nonggérak.
8. Saréngséna dibaca, guru ngasongkeun pertanyaan ka murid, naha maranéhna
bisa nangkep kana eusi éta carpon. Guru bisa waé neruskeun pertanyaan, resep mana maca carpon kahiji jeung carpon kadua. Jawaban murid tangtuna gé
rupa-rupa. Keun waé, hal éta nuduhkeun tingkat aprésiasi maranéhna.
C. NYUSUN PERTANYAAN No.
Kagiatan
9. Dina pangajaran nu geus karaliwat, saréngséna mca hiji wacna téh murid
dititah ngajawab pertanyaan ngeunaan eusi wacana, boh lisan boh tinulis. Tah ayeuna mah dibalikkeun, murid sina diajar nyusun pertanyaan, dumasar kana
jawaban anu geus disayagikeun. Pertanyaan anu kudu disusun ku murid téh kudu dumasar kana eusi wacana.
Éta pertanyaan téh dipigawéna dina buku tulis.
10. Ieu tugas téh dipigawéna babarengan, dibagi jadi dua kelompok. Kelompok
kahiji kudu nyusun pertanyaan dumasar kana carpon kahiji, ari kelompok kadua dumasar kana carpon kadua.
Dip;iharep murid barisaeun ngalarapkeun kecap pananya dina kalimah, kayaning saha, naon, kumaha, ka mana, kumaha, jeung naon sababna.
50
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas III
11. Hasil pagawéan kelompok dibahas babarengan. Saban pertanyaan anu disusun
ku murid sina dibaca sacara bagilir, dibarandungan ku anu séjén. Hasil pagawéan maranéhna ku guru kudu dipeunteun.
12. Pikeun padoman dina meunteun, bisa dititénan sakumaha ieu di handap:
Kelompok 1 1. Pertanyaan: Saha anu datang nyampeurkeun Udin téh?
Jawaban : Anu datang nyampeurkeun Udin téh nyaéta Asép.
2. Pertanyaan: Naon sababna Udin ngarénjag? Jawaban : Sabab ngarasa reuwas tepi ka ampir ngahéden kai jati.
3. Pertanyaan: Naon tujuan Asép nyampeur Udin téh? Jawaban : Asép nyampeur Udin téh rék ngajak ngaliwet.
4. Pertanyaan: Bogaeun naon waé Udin keur bekel ngaliwet téh? Jawaban : Udin ngan bogaeun béas jeung céngék wungkul.
5. Pertanyaan: Ti dinya terus arindit ka mana Asép jeung Udin téh? Jawaban : Asép jeung Udin nyampeur Si Peucang jeung Si Ajat.
6. Pertanyaan: Saha ari ngaran asli Si Peucang téh? Jawaban : Si Peucang téh ngaran aslina Unang.
7. Pertanyaan: Naon sababna maké disebut Si Peucang? Jawaban : Disebut Si Peucang téh lantaran tarik lumpatna.
8. Pertanyaan: Saha ari ngaran aslina Si Ajat? Jawaban : Si Ajat ngaran aslina Ujang Sopandi.
9. Pertanyaan: Naha maké disebut Si Ajat? Jawaban : Disebut Ajat sotéh pédah jago maén bal.
10. Pertanyaan: Di mana barudak téh ngaliwetna? Jawaban : Ngaliwetna di kebon Aki Undang.
11. Pertanyaan: Ari Asép kabagian mawa naon waé? Jawaban : Asép kabagian mawa suluh jeung uyah.
12. Pertanyaan: Dikumahakeun snggeus liwet asak téh? Jawaban : Liwet téh diwadahan kana daun cau.
13. Pertanyaan: Kumaha barudak téh daharna? Jawaban : Barudak téh daharna mani paronyo pisan.
14. Pertanyaan: Naon sababna barudak lalumpatan? Jawaban : Barudak lalumpatan sabab aya Aki Undang.
15. Pertanyaan: Naon sababna Aki Undang ngagorowok waktu najong bujur kastrol?
Jawaban : Sabab bujur kastrol téh panas.
51
Bab 2 Pituduh Husus