NGAGALANTANGKEUN KALIMAH No. NGEUSIAN KALIMAH No.

37

Bab 2 Pituduh Husus

E. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH No.

Kagiatan 20. Pangajaran ngeunaan kalimah dina ieu bagian saenyana pikeun nerangkeun kalimah aktif jeung kalimah pasif. Tapi tangtu waé ka murid mah teu kudu dibahas tepi ka lebah dinya, da tacan waktuna. Maranéhna cukup ku dibéré conto yén prédikat dina kalimah téh aya anu maké rarangkén hareup nasal anu nuduhkeun kalimah aktif, jeung rarangkén hareup di- anu nuduhkeun kalimah pasif. 21. Kecap anu dipaké conto téh ngawengku: 1. mawa → dibawa Rahmi mawa oléh-oléh ti Kuningan. Oléh-oléh ti Kuningan dibawa ku Rahmi. 2. maca → dibaca Udan maca buku carita wayang. Buku carita wayang dibaca ku Udan. 3. nyeuseuh → diseuseuh Heryanto nyeuseuh baju kotor. Baju kotor diseuseuh ku Heryanto. 4. maké → dipaké Hésti maké sapatu olahraga. Sapatu olahraga dipaké ku Hésti. 5. maraban → diparaban Bangbang maraban anak manuk. Anak manuk diparaban ku Bangbang. 6. ngahurungkeun → dihurungkeun Sarah rék ngahurungkeun kompor. Kompor rék dihurungkeun ku Sarah. 7. ngasah → diasah Ruswéndi ngasah péso raut. Péso raut diasah ku Ruswéndi. 8. nyébor → dicébor Farida nyebor tangkal kembang. Tangkal kembang dicébor ku Farida. 38 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas III 9. ngocorkeun → dikocorkeun Geugeu ngocorkeun cai tina bak. Cai tina bak dikocorkeun ku Geugeu. 10. meulahan → dibeulahan Ageng meulahan awi keur bahan pager. Awi keur bahan pager dibeulahan ku Ageng. 22. Saban kalimah ku murid sina digalantangkeun, tepi ka maranéhna paham naon bédana mawa jeung dibawa, atawa ngadahar jeung didahar, upamana.

F. NGEUSIAN KALIMAH No.

Kagiatan 23. Pangajaran dina ieu bagian raket patalina jeung bagian saméméhna, nyaéta kecap pagawéan anu ngawangun kalimah aktif jeung kalimah pasif. Lamun dina bagian saméméhna murid ukur dibéré pancén ngagalantangkeun kalimah, tah dina bagian ieu mah sina migawé latihan. Tugas anu kudu dipigawé ku murid téh nyaéta ngalengkepan kalimah ku kecap pagawéan. Disayagikeun dua kecap pikeun dipilih, anu maké rarangkén hareup nasal, jeung anu maké rarangkén hareup di-. 24 Ieu tugas bisa dipigawé babarengan, dituyun ku guru. Saban murid bagilir sina ngeusian kalimah ku kecap anu geus disayagikeun. Dina latihan téh ngahaja ditukeur-tukeur posisina antara kalimah aktif jeung kalimah pasif. 25 Kecap anu kudu dieusiken sangkan kalimahna bener nyaéta: 1. ngaduruk – diduruk a Kang Momo ngaduruk runtah. b Runtah diduruk ku Kang Momo. 2. ngadahar – didahar a Pais lauk didahar ku ucing. b Ucing ngadahar pais lauk. 3. mulas – dipulas a Témbok kamar dipulas ku Kang Oha. b Kang Oha mulas témbok kamar. 4. nyieun – dijieun a Héryati rék nyieun bobonékaan. b Bobonékaan rék dijieun ku Héryati. 39

Bab 2 Pituduh Husus