MACA BEDAS No. MACA DINA JERO HATÉ

61

Bab 2 Pituduh Husus

3. Guru nitah ka salah saurang murid pikeun maca éta karangan. Guru nyontoan heula cara macana, dua-tilu paragraf. Sajeroning kitu, murid sina saregep ngaregepkeunana. 4. Hiji karangan bisa dibaca ku tilu atawa opat murid, dibagilirkeun. Sangkan kanyahoan tepi ka mana sikep dina ngaregepkeun, alusna murid anu dibéré pancén maca téh dicékclok. 5. Mun katimbang perlu jeung waktuna nyukupan, sakabéh murid kudu kabagian giliran maca. Saméméh pindah kana bagian séjénna, guru nanya heula ngeunaan éta dongéng, tepi ka mana rasa resep anu tumuwuh dina diri murid sanggeus ngabandungan eusina. Tumuwuhna ieu sikep penting pisan pikeun ngipuk pendidikan morl atawa étika.

B. MACA BEDAS No.

Kagiatan 6. Pikeun ngukur tepi ka mana kamampuh dina nyangkem eusi dongéng, murid sina ngajawab pertanyaan sacara lisan. 7. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha urang murid, terus maranéhna sina nyieun babandingan antara hiji jawaban jeung jawaban lianna. Guru kudu mukakeun lolongkrang sangkan murid bisa ngasongkeun pamanggihna. 8. Pikeun padoman dina ngajén jawaban anu diasongkeun ku murid, bisa diténan sakumaha ieu di handap. 1. Kumaha sikep gajah pédah ngarasa jadi sato panggedéna téh? Jawaban: Sikepna sok asa aing, tara ngajénan ka sasatoan séjénna, pangpangna ka sato leutik. 2. Naon sababna sireum ngarasa mindeng dikakaya ku gajah? Jawaban: Sabab sayang sireum téh remen katincak ku gajah tepi ka ancur. 3. Sanggeus diomongan ku pamingpin sireum, naha gajah ngagugu? Jawaban: Gajah henteu ngagugu kana omongan sireum. 4. Kumaha badamina sireum pikeun males ka gajah téh? Jawaban: Sireum nyieun rencana rék males ka gajah. 5. Naon sababna lombang téh ditutupan ku régang jeung dangdaunan? Jawaban: Sabab sangkan ku gajah teu katempoeun aya lombang. 6. Kumaha gajah téh barang ngaliwat ka luhureun lombang? Jawaban: Leumpangna angger kawas sasari, teu nempo tincakeun. 62 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas III 7. Sanggeus gajah asup kana lombang, terus dikumahakeun ku sireum? Jawaban: Awak gajah terus ditapuk ku sireum, dicocoan, malah aya nu asup kana panon, irung, jeung ceuli gajah. 8. Naon sababna gajah terus ampun-ampunan jeung ngaku éléh? Jawaban: Sabab gajah teu bisaeun ngalawan. 9. Ti harita, kumaha sikep gajah téh lamun inget kana kalakuanana? Jawaban: Gajah sadar kana kalakuanana nu mindeng ngarugikeun batur. 10. Ceuk pamanggih hidep, naon mangpaatna hirup ngahiji? Jawaban: Lamun ngahiji bisa nimbulkeun kakuatan.

C. MACA DINA JERO HATÉ

No. Kagiatan 9. Dongéng anu kadua judulna “Emas Warisan Bapa”. Béda jeung dongéng saméméhna, dina nu kadua mah palakuna téh jelema, ari eusina ngébréhkeun kawajiban anak pikeun hormat ka kolotna. Eusina nyaritakeun tilu sadulur anu dibéré amanat ku bapana pikeun néangan emas anu dikubur tukangeun imah 10. Murid sina muka buku pangajaran, terus guru nuduhkeun wacana anu kudu dibaca dina jero haté. Geus kitu maranéhna sina ngamimitian maca. Guru niténan kaayaan di jero kelas, bisi aya murid anu caliweura. 11. Ieu dongéng téh kaitung rada panjang, tur jalan caritana ogé teu salancar kawas dina dongéng “Gajah Éléh ku Sireum”. Ku kituna waktu anu disayagikeun pikeun macana ogé kudu rada panjang. Malah alusna mah maranéhna bisa maca dua-tilu balikan, sangkan eusina enya-enya kacangkem. 12. Mun geus réngsé dibaca, murid dibéré tugas nyusun kalimah anu patali jeung eusi éta dongéng. Ieu tugas alusna mah sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna dipariksa ku guru bari dibahas babarengan.

D. NYUSUN KALIMAH