53
Bab 2 Pituduh Husus
17. Lamun disusun dina ungkara kalimah dina wangun paragraf, anu dicaritakeun
ku murid téh kira-kira kieu: Di Tegallega  aya  pintonan  lumba-lumba. Anu  lalajona  lolobana  barudak. Anu
dipintonkeun  dina  acara  mimiti  nyaéta  anjing  laut  sina  dadangsaan,  terus  dititah ngitung. Anu dipintonkeun ku lumba-lumba téh rupa-rupa. Mimitina sina ulin bal,
terus  dititah  ngitung. Ari  anu  matak paur  mah  waktu  lmba-lumba sina  ngajlengan seuneu dina buleudan beusi. Dina bagian panungtung, lumba-lumba téh dititah nyium
panongton. Sanggeus pintonan réngsé, barudak dibagi jidar hiji séwang.
E.  NGAPALKEUN HARTI KECAP No.
Kagiatan
18. Dina carpon anu dibaca ku murid aya sawatara kecap anu diterangkeun
hartina. Sajaba ti au geus dipidangkeun dina buku pangajaran, bisa waé ditambahan ku kecap séjénna anu dipilih ku murid.
19. Dina nerangkeun harti kecap, bakal leuwih alus lmun guru ngagunakeun alat
peraga, di antarana gambar parabot dapur jeung gambar babagian imah. 20.
Kecap anu kudu diterangkeun hartina téh minimal ngawengku: -
bancunur = melendung sabab tidagor -
ngahéden = tidagor -
sori = maap -
kacatur = kacaritakeun -
calakan = pinter -
inggis = paur atawa sieun -
embel = leutak jero di sawah -
paronyo = ngarasa ngeunah atawa ni’mat -
hateup = bagian luhur anu nutupan wangunan -
bangus = sungut sasatoan bagian hareup -
héman = boga rasa nyaah -
kastrol = pakakas atawa parabot paranti ngaliwet 21.
Tina béréndélan kecap di luhur, aya sawatara di antarana anu bisa dipolahkeun dina  wangun  gerak.  Kecap  ngahéden,  upamana,  ku  guru  bisa  dipolahkeun.
Kitu deui kumaha ari nu dahar paronyo.
22. Éta harti kecap téh ku murid sina diapalkeun. Saterusna ku guru dités saurang-
saurang, sina nataan hartina.
54
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas III
F.  NYEBUTKEUN GUNANA PAKAKAS No.
Kagiatan
23. Ieu  pangajaran  téh  nyambung  jeung  carpon  kahiji.  Di  dinya  disebut-sebut
ngaran pakakas atawa parabot dapur, nyaéta kastrol. Dina éta carpon disebutkeun deuih, naon ari gunana kastrol, nyaéta paranti ngaliwet.
24. Saterusna  dibéréndélkeun  sawatara  pakakas  atawa  parabot  dapur  lianna,
kayaning panci, sééng, katél, coét jeung mutu, talenan, parud, jeung blénder. Teu mustahil aya sawatara parabot dapur anu ku barudak dina jaman ayeuna
mah geus langka kapanggih, malah boa teu nyahoeun-nyahoeun acan, upamana sééng. Najan kitu, urang terangkeun naon gunana, da éta parabot téh geus jadi
bagian tina pakaya budaya Sunda.
25. Dina nerangkeun naon gunana éta pakakas atawa parabot dapur anu aya dina
gambar, guru bisa waé ku cara nanya heula ka murid. Teu mustahil aya di antara maranéhna anu geus apaleun. Katerangan ti hiji murid bisa waé dilengkepan
ku  katerangan  ti  murid  séjénna.  Mun  kateranganana  geus  dianggap  bener, guru nugaskeun murid pikeun nyatet dina buku tulis.
26. Sagemblengna anu kudu diterangkeun ku guru téh ngawengku:
- Gunana kastrol pikeun ngaliwet
- Gunana panci pikeun naheur cai, ngangeun, ngolek
- Gunana sééng pikeun nyangu
- Gunana katél pikeun ngagoréng
- Gunana coét jeung mutu pikeun ngaréndos samara, nyambel
- Gunana talenan pikeun nyiksik atawa ngeureutan
- Gunana parud pikeun marud
- Gunana blénder pikeun ngalembutkeun atawa ngalemeskeun dahareun
G.  NATAAN NGARAN POÉ No.