NYARITAKEUN EUSI CARPON No.

52 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas III

D. NYARITAKEUN EUSI CARPON No.

Kagiatan 13. Ku maca dua carpon, murid dipiharep bisa pahm kana eusina. Patali jeung pangjaran di luhur, lamun murid barisaeun nyusun pertanyaan, éta ogé kaasup geus mampuh nangkep eusi carpon. Cara séjénna pikeun ngukur kamampuh murid dina mahamkeun carpon nu geus dibacana nyaéta nyaritakeun deui eusina. Dina hal ieu, murid sina nyaritakeun tingkesan carpon anu geus dibacana. Sajaba ti pikeun mahamkeun eusina, murid dilatih nyarita deuih, utamana dina lebah kawanterna. 14. Saterusna murid dibéré pancén nyaritakeun eusi carpon dina ungkara anu disusun ku dirina sorangan. Pikeun conto, dina buku pangajaran dipidangkeun conto nyaritakeun eusi carpon nu judulna “Kastrol Panas”. Udin diajak ngaliwet ku Asép, tempatna di kebon Aki Undang. Udin jeung Asép nyampeur dua sobatna, nyaéta Unang jeung Ujang Sopandi. Udin mawa béas sakilo jeung céngék. Asép mawa suluh jeung uyah. Unang mawa asin. Ajat mawa kastrol jeung coét. Sanggeus tepi ka kebon Aki Undang, prak ngaliwet. Udin kabagian ngurus liwet. Unang meuleum asin, Ujang Sopandi nyambel, ari Si Asép ngala sayuran, kayaning bonténg, jeung saladah. Sanggeus asak, liwet diwadahan kana daun cau. Terus waé dalahar, mani ponyo. Keur kitu datang Aki Undang. Barudak lalumpatan, da sieuneun dicarékan. Kastrol panas ku Aki Undang ditajong. Aki Undang panaseun, terus ngajleng kana embel. Sanggeus Aki Undang indit, barudak nyokot liwet anu tadi ditinggalkeun. 15 Tingkesan anu bieu téh sina dibaca bedas ku slah saurang murid, dibarandungan ku anu lian. Ku guru kudu diterangkeun yén anu bieu dibaca téh disebutna tingkesan tina carpon anu geus dibaca. Éta téh sarua waé jeung urang nyaritakeun deui eusi carpon. 16. Murid sina nyaritakeun eusi carpon kadua ku basana sorangan. Lamun katimbang hésé, ku guru bisa dicukangan heula, sangkan murid boga gambaran anu jelas kana eusi éta carpon, tepi ka mampuh nyaritakeun deui. Anu dimaksud nyukangan di dieu nyaéta ku ngasongkeun rupa-rupa pertanyaan, terus siona dijarawab ku murid, upamana waé: - Aya pintonan naon di Tegallega téh? - Saha waé anu lalajona? - Naon anu dipintonkeun dina acara mimiti? - Ari anu dipintonkeun ku lumba-lumba naon waé? - Kumaha sanggeus pintonan réngsé? Lamun murid mmpuh ngajawab éta pertanyaan, hartina manéhna geus bisa nyaritakeun deui eusi carpon dina tingkat anu basajan. 53

Bab 2 Pituduh Husus