59
Bab 1 Pituduh Umum
D. NGALARAPKEUN KECAP SABALIKNA No.
Kagiatan
1. Tong hayang nu mahal meuli sapatu téh. Geus waé nu murah asal pantes
dipakéna. 2.
Ditempo keur di luhur mah kapal terbang téh jiga leutik. Tapi ari geus di handap mah geuning gedé, nya.
3. Mani capé ngaboséh sapédah di jalan nu nanjak mah. Teu kawas di jalan anu
mudun mani hampang.
4. Tah, nu ieu mah kamar téh lega, bisa asup tempat tidur jeung lomari. Lamun
kamar nu di tukang mah heureut.
5. Sanggeus diberesihan jeung disemprot ku parfum mah, kamar mandi anu
tadina bau téh ayeuna jadi seungit.
6. Ari sugan geus garing sapatu téh, boro rék dipaké olahraga. Geuning ieu mah
baseuh kénéh, Jang.
7. Urang kudu inget kana jasa batur sanajan sakumaha leutikna ogé, peupeujeuh
ulah tepi ka poho.
8. Ulah kandel teuing ngeureutan témpé nu rék digoréng téh, mending sing
ipis waé ngarah téréh asak.
9. Ulah waka dipeuncit ayeuna hayam nu ieu mah, sabab begang. Mending nu
jago geura, ngarah lintuh.
10. Teu kabeneran meuli kadu téh atah kénéh, ari sugan geus asak, da warna
kulitna geus konéng.
60
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas III
PANGAJARAN 8
Téma : Ngajénan Sasama jeung Hormat ka Kolot Bahan : Téks dongéng
Waktu : 3 minggu
Ngajénan ka sasama atawa papada, sarta hormat ka kolot—hususna indung-bapa, jadi kawajiban sakumna jalma. Ieu sikep téh kudu sina mimiti tumuwuh ti mangsa budak kénéh.
Atikan anu tujuanana ka dinya bisa waé ditepikeunana ngaliwatan média dongéng. Dina pangajaran ayeuna aya tilu dongéng anu baris diajarkeun. Dongéng ngeunaan
kumaha kuduna sikep urang dina silih ajénan jeung papada diébréhkeun dina lalakon “Gajah Éléh ku Sireum”. Ari dongéng anu eusina kawjiban urang hormat ka kolot ditepikeun dina
lalakon “Emas Warisan Bapa”. Dongéng anu katilu, judulna “Mang Juhéb Dagang Kopéah” leuwih loyog mun dianggap pikeun pangbeberah, sabab eusina pikaseurieun.
Sangkan murid meunang gambaran nu leuwih jéntré, guru kudu nerangkeun naon ari nu disebut dongéng katut conto-contona. Aya waktu husus pikeun medarna. Sangkan
pedaran ngeunaan dongéng mundel, guru kudu nambahan kaweruh ku maca rupa-rupa dongéng anu aya dina sastra Sunda.
Dina bagian pamungkas, murid dibéré tugas néangan dongéng, terus sina didongéngkeun hareupeun babaturanana. Tangtuna ogé dongéng basajan, boh eusina
boh basana, anu sakirana kahontal ku alam pikiran murid kelas III.
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR
A. MACA BEDAS No.