Nepikeun Biantara No. Nulis Biantara No. Ngajembaran Kaweruh Biantara No. Ngahariringkeun Kawih No.

49

Bab 2 Pituduh Husus

E. Nepikeun Biantara No.

Kagiatan 1. Pancén 1: Guru nitah murid sacara bagilir maca nyoara téks biantara di hareupeun kelas. Guru nepikeun pamanggihna kana pelaksanaan biantara.

F. Nulis Biantara No.

Kagiatan 1. Pancén 2 saméméhna guru jeung murid nyadiakeun bahan pangajaran biantara. 1. Guru jeung murid diskusi bahan ajar. 2. Guru nitah murid nyusun téks biantara tina bacaan nu geus disadiakeun, kana pola nu aya, judul biantara “Nguatkeun Huntu’. 3. Guru nitah murid maca téks biantara hareupeun kelas. 4. Guru nitah murid ngajawab pananya.

G. Ngajembaran Kaweruh Biantara No.

Kagiatan 1. Pikeun ngajembaran pangaweruh murid Guru méré kalaluasaan ka murid nyusun deui téks biantara tina téks bacaan ‘Biasakeun Ngumbah Leungeun Maké Sabun’. 1. Guru nitah murid ningali pola susunan téks biantara. 2. Guru nitah murid nyusun bahasa jadi biantara, kalawan runtuy- ngaguluyur. 3. Guru nitah murid maca téks deui sababaraha balikan, anu maksudna ngoreksi, nyampurnakeun basa nu dipaké dina biantara. 4. Guru nitah murid maca biantara hareupeun kelas. 5. Guru méré waktu ka murid bisi aya nu rék nepikeun pamanggihna. 50 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI 6. Guru nyindekkeun pangajaran nyusun téks biantara tina bahan bacaan. 7. Guru nitah murid ngajawab pananya, kana eusi téks biantara ‘Biasakeun Ngumbah Leungeun Maké Sabun’. 8. Guru nitah murid ngajawab pananya sacara bagilir. 9. Guru nitah murid nepikeun saran-saranna. 10. Guru nepikeun pesen ka murid-murid sangkan ngajaga kaséhatan diri, kabersihan kelas, kabersihan lingkungan, sarta supaya tetep sumanget diajar. 11. Guru nitah murid nyebutkeun kabiasaan nu dilakukeun, nu matak séhat kana awak.

H. Ngahariringkeun Kawih No.

Kagiatan 1. guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan ngajaga tur miara kasehatan masarakat. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh ningkatkeun pangaweruhna ngeunaan kasehatan. Dina kagiatan ka 1 saméméhna guru nitah murid maca heula jero haté rumpaka kawih ‘Miceun Runtah’ karya Amas Tamaswara, sababaraha balikan. Geus kitu guru nitah murid ngalenyepan eusi rumpaka kawih: Miceun runtah sing merenah Entong di mana waé daékna Dina lombang nu geus aya Mun geus pinuh geuwat duruk Lamun rajeun reujeung apik Moal dikuntit panyakit Katempona teu rarujit Matak betah tumaninah 51

Bab 2 Pituduh Husus