Nembangkeun Pupuh Tina wawacan No. Maca Jero Haté No.

25

Bab 1 Pituduh Umum

E. Nembangkeun Pupuh Tina wawacan No.

Kagiatan Dina kagiatan 3 guru nitah murid migawé pancén1, pancén 2, pancén 3 Pancén 1 guru nitah murid nembangkeun pupuh tina wawacan. Saméméhna: a. Guru nyaritakeun ka murid yén nembangkeun pupuh téh bisa dilakukeun sahiji pupuh, teu disambungkeun jeung nu lian deui. Upamana ieu aya conto: Pupuh Kinanti 1 Guru nembangkeun pupuh Kinanti Budak leutik bisa ngapung Babaku ngapungna peuting Nguriling kakalayangan Neangan nu amis-amis Sarupaning bungbuahan Naon baé nu kapanggih b. Guru nembangkeun deui pupuh sinom dina wangun guguritan Aya hiji rupa kembang Raranggeuyan tapi leutik Rupana bodas kacida Matak lucu liwat saking Hanjakalna teu seungit Lamun ku urang di ambung Kitu ogé ti beurang Ari seug mungguh ti peuting Sumeleber nyambuang sapakarangan Sengit lain kaulinan Leleb manis ngadalingding Matak bungah mamanahan Matak resmi kana pikir Lamun urang ti peuting Seug di buruan ngalantung Keur nuju caang bulan Ngambeu kembang dupa seungit Karasana sumerep saluar badan c. Guru nyontoan nembang pupuh kinanti dina wawacan ‘Ratna Suminar Nepangan Déwi Pramanik’. Ratna suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang, ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku sang ajeng ratna putri. Pancen 2 guru nitah murid migawé pancén mandiri. Saméméh guru nanndeskeun deui yén dina pangajaran ieu, murid geus mampuh nembangkeun durma ‘Ratna Suminar’ jeung ‘Karatagan Pahlawan’. Nu disebut bieu téh aya nu diwangun ku pupuh jeung nu kaasup wangun kasengker ku pada jeung rumpaka. 26 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI 3. a. Guru nitah murid nengetan deui wangun jeung eusi pupuh durma dina pangajaran saméméhna. b. Guru nitah murid sacara mandiri nyieun sapada pupuh durma, témana bébas kumaha murid baé. c. Tengetan deui wangun jeung eusi sajak bébas dina pangajaran saméméhna. d. Guru nitah murid sacara individu nyieun sajak bébas, témana kumaha murid ogé

F. Maca Jero Haté No.

Kagiatan Pancén 3 guru nugaskeun murid maca wacana dina wangun lancaran ‘Banténg Pasirmalang’. 1. Guru nitah ka murid nganomeran unggal paragraf dina wacana kasebut. 2. Guru nitah nuliskeun gurat badag tina unggal paragraf. Geus kitu jieun ringekesan carita dumasar kana gurat badag nu geus disusun, maké basa sorangan. 3. Guru nitah murid ngalisankeun di hareupeun kelas. KAGIATAN PANUTUP No. Kagiatan 1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna 2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun 3. Guru méré tugas mandiri Guru nitah migawé pancen. Pék tengetan heula naon pancén hidep téh 1. Jieun sapada pupuh durma. Témana kumaha hidep baé. 2. Jieun sajak bébas sajudul, Témana kumaha hidep oge 3. Tugas nyorangan individu dijieun di imah. 4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna. 27

Bab 2 Pituduh Husus