Ngabandingkeun Wangun di Ka Dina Kalimah No. Ngalisankeun Sora No.

31

Bab 2 Pituduh Husus

F. Ngabandingkeun Wangun di Ka Dina Kalimah No.

Kagiatan 1. Pancén 1 guru nitah murid ngabandingkeun wangun di, ka dina kalimah 1. Guru museurkeun panitén murid kana bahan ajar nu ditulis dina papan tulis a. Tangakal awi dituar ku bapa. b. Tangkal awi aya di tukangeun imah. c. Murid-murid teu kabawa kabeh da mobilna leutik. d. kelas 6 indit ka toko buku. 2. Guru ngabandingkeun wangun di rarangkén jeung di kata depan, terus ka rarangkén jeung ka kata depan. 3. Guru nitah murid nyieun wangun kecap nu maké di ka sapuluih kecap. 4. Guru nitah nugaskeun murid ngalarapkeun kecap dina kalimah. 5. Guru nitah murid ngalisankeun éta kalimah. 6. Guru nanya ka murid ngarti jeung henteuna pangajaran nu diterangkeun 7. Guru nanya ka murid saha nu bisa nyindekkeun pangajaran nu dibahas. 8. Guru mairan kacindekan nu dijieun ku murid

G. Ngalisankeun Sora No.

Kagiatan 1. Pancén 2 guru nitah murid ngalisankeun sora é, e. Guru dibingbing kagiatan murid salila lumangsungna kagiatan. Guru museurkeun panitén murid kana conto kalimah nu ngandung sora é jeunge di papan tulis. 1. Guru nuliskeun kalimah di papan tulis. a. Seng téh kaambeu seungit lauk nu keur digoréng. b. Hateup séng lalésot rabeng katiup angin putting beliung. 2. Guru nitah murid maca kalimah nu ditulis di papan tulis sacara bagilir. 3. Guru marentah murid niténan conto nu aya dina buku. Terus di baca tarik nepi ka karasaeun bédana ngucapkeun soraé jeung e. 4. Guru nanya murid ngarti jeung henteuna. 32 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI 5. Guru nitah murid nuliskeun sababaraha kecap ngaran tutumpakan, atawa transportasi nu aya soraé contona béca. Kitu deui kecap ngaran sayur, lalab nu aya sora e contona wortel. 6. Guru mariksa tugas murid sarta ngabahas pagawéan murid. 7. Guru nitah murid ngucapkeun éta kecap kalawan béntés. 8. Guru nitah murid nyieun kalimah ku kecap kasebut, terus dibahas babarengan. 9. Guru nyindekkeun pangajaran

H. Nulis Sajak No.