Pituduh Husus BUKU GURU SUNDA KLS 6 2014

17

Bab 2 Pituduh Husus

Tétéla sanajan ngan sakecap nu dilisankeun kecap ’asup’ ari lentongna béda mah, maksudna bakal béda. Aya nu nitah, nanya, jeung wawaran. b. Guru ngalatih murid maca sajak. Saméméhna guru ngalatih maca sajak maké lentong nu merenah, kitu deui latihan nyebutkeun kecap kalawan béntés. Éta kagiatan laksanakeun sababaraha balikan, supaya biasa dilarapkeun dinamaca sajak sacara bedas. Teu salilana dina nyarita téh urang kudu tarik salalawasna, atwa kudu laun haharewosan. Najan laun, atawa tarik kudu béntés, kitu deui dina maca sajak. c. Guru nugaskeun murid-murid maca jero haté heula sajak nu rék dibaca bedas. Tengetan mana nu kudu dibaca bedas, dibaca laun, dibaca anca. Pepeta atawa gerak leungeun jeung awak teu ieuh kudu salilana aya, saperluna baé. d. Guru ngajurung murid macakeun sajak dihareupeun kelas. Murid- murid lianna ngaregepkeun. e. Guru nitah murid nétélakeun pamanggihna saha-sahana nu hadé macana.

I. Maca Dongeng No.

Kagiatan 1. Dina kagiatan 9, guru méré pancén ka murid sacara mandiri. Dina ieu kagiatan guru méré sababaraha latihan pikeun siswa sangkan leuwih maham kana pangajaran Pancén 1 guru ménta murid maca Dongeng “Sakadang Kuya Mamawa Imah’. Lengkah nu dilaksanakeunana: 1. Guru medar cara maca nyoara jeung cara maca jero haté. Dina maca nyoara bakal katitén lentong atawa lagu lagamna. Kitu deui ngajiwaan atawa henteuna eusi bacaan. Maksud maca jero haté téh pikeun ngalenyepan eusi nu nyangkaruk dina bacaan. 2. Guru ngajurung sakabéh murid maca ‘Sakadang Kuya mamawa Imah’ anu maksudna pikeun ngalenyepan jeung mikanyaho eusi dongéng. 3. Guru ngajurung murid macakeun éta dongéng sacara bagilir. Cara macana nu kagiliran neruskeun sésa bacaan baturna nu ti heula 2. Pancén 2 guru nepikeun pananya ka murid: a. Sato naon anu ngalalakon dina éta dongéng? b. Dimana tempatna imah si kuya? c. Naon maksudna si kuya kudu mamawa imahna? d. Perasaan naon nu aya dina diri si monyét ka si kuya? 18 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI e. Kumaha rasa rumasa si kuya ka si monyét? f. Naon éta ema dongéng? g. Naon nurutaneunana keur murid tina éta carita dongéng téh? 3. Pancén 3, guru nyiapkeun kecap-kecap nu rék ditéangan hartina dina kamus jeung sumber lianna, lengkah pelaksanaanana: a. Guru katut murid nyadiakeun kamus jeung sumber lianna di kelas b. Guru ngabimbing murid néangan harti kecap dina kamus jeung sumber lianna

c. Guru mingpin diskusi hal ngaran pakakas: congkrang, jeung sejen-

sejen pakakas nu dipaké ngolah sawah atawa kebon huma. d. Pikeun ngeuyeuban pangajaran Guru nugaskeun murid molahkeun: ngagandong, ngakod, nungtun, ngagandong leungeun, nolol. e. Guru ngajurung murid ngagambar ranggon jeung saung 4. Pikeun ngeuyeuban pangajaran, guru nugaskeun ka siswa sacara mandiri nyaritakeun eusi bacaan nu judulna 1 “Lutung Jawa”. Saméméhna: a. Guru medar pangajaran. Dina pangajaran 1, urang loaba maca rupa- rupa mahluk atawa satwa. Pikeun ngeuyeuban pangaweruh pangajaran maca, ‘Lutung Jawa’ ogé kudu dijaga ulah nepi ka tumpur. b. Guru niténan murid nu keur maca jero haté, geusan nyaritakeun deui eusi bvacaan di hareupeun babaturan. c. Guru mere iasarah ka murid supaya eureun macana. d. Guru nitah salah saurang murid ka hareup nyaritakeun deui ‘Lutung Jawa’ ku basana sorangan ka babaturanana. e. Guru niténan murid nu panglancarna nyarita, sarta ngaguluyur dina nepikeun eusi carita. f. Guru ngajurung murid ngajawab pananya. Carana murid nanya ka babaturanana aya 5 pananya 2 Guru nugaskeun maca ka salah saurang murid, murid nu sejen ngaregepkeun daria judul babaan ‘Wapalla Rikiran Rakyat Ngaleupaskeun Sarébu Bayi Penyu”, saterusna: 1. Guru nguriling niténan murid bisi aya nu teu methatikeun kana kagiatan maca, salila eta wacana dibaca. 2. Guru nyebutkeun pananya nu kudu dijawab ku murid. 3. Guru pindah nanya ka murid sejen lamun murid nu dititah yeu bisa ngajawab. 4. Guru nanyakeun saha nu bisa nyindekkeun éta bacaan. 5. Guru jeung murid ngabahas jeung ngadiskusikeun pancen mandiri nu rék dipigawé di imah. a. Ngabahas karangan narasi b. Nangtukeun panjang karangan 19

Bab 2 Pituduh Husus