Ngadiskusikeun Kandaga Kecap No. Ngaringkes Bacaan No.

29

Bab 2 Pituduh Husus

1. Guru nitah salah saurang murid ngagalantangkeun pananya. Ti nomer hiji dugi ka nomer 10. 2. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya kalawan tartib. 3. Guru ngawatesanan waktu migawé ngajawab pananya. 4. Guru nandakeun ka murid waktu migaw:e réngsé. 5. Guru nitah murid museurkeun panitén ka guru. 6. Guru nyebutkeun pananya ka murid sacara bagilir, murid ngalisankeun jawaban. 7. Guru nyindekkeun pangajaran.

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap No.

Kagiatan 1. Dina kagiatan 2 guru jeung murid saméméhna geus nyadiakeun kamus basa Sunda jeung sumber lianna. Saterusna murid disiapkeun kana kagiatan kelompok pikeun migawé pancén1, pancén 2. 1. Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok jeung nangtukeun saurang ketua. 2. Guru ngabingbing limangsungna diskusi kandaga kecap. 3. Guru nitah murid nyindekkeun hasil diskusi. 4. Guru nyebutkeun pancén saterusna ngalisankeun kalimat nu dijieun tina kecap nu sapuluh nu geus didiskusikeun 5. Guru nitah murid ngalisankeun kalimah sacara bagilir.

D. Ngaringkes Bacaan No.

Kagiatan Pancén 1 guru nitah murid ngaringkes bacaan. Lengkah garapanana: 1. Guru nitah murid nuliskeun gagasan unggal paragraf. 2. Guru nitah murid nyieun ringkesan dumasar kana gagasan nu geus ditulis. 3. Guru nitah macakeun ringkesan nu geus disusun ku murid. 4. Guru ngomentaran ringkesan masing-masing murid. 30 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas VI Pancén 2 guru nitah murid ngalarapkeun kecap rajekan. 1. Guru jeung murid nyadiakeun bahan nu rék dibahas. 2. Guru museurkeun panitén murid kana bahan kecap rajékan. 3. Guru nerangkeun conto kecap rajekan. 4. Guru nitah murid nuliskeun kecap rajékan di papan tulis, terus diterangkeun saterusna dijieun kalimah. 5. Guru nugaskeun nyatet 10-20 kecap rajekan jiga conto tina majalah atawa koran, terus dihartikeun. 6. Guru jeung murid tanyajawab, terus nyindekkeun pangajaran kecap rajekan. Pikeun ngajembaran pangaweruh dina pangajaran ngeunaan tokoh nu manggihkeun, guru mikeun deui bacaan nu sarupa ngeunaan téks deskripsi tokoh nu manggihkeun. 1. Guru nyaritakeun pangajaran saméméhna nu manggihkeun modél imah awi pikeun diekspor. Saterusna nyaritakeun nu manggihkeun sapatu pikeun kasehatan keung kasalametan diri. Pék baé baca ku murid sing gemet. 2. Guru ngabingbing murid manggihkeun poko carita. 3. Guru nitah murid nyieun ringkesan dumasar kana poko carita maké basa sorangan. 4. Guru mariksa pagawéan murid. 5. Guru jeung murid ngabahas basa nu dipaké dina karangan. 6. Guru jeung murid ngadislusikeun kalimah nu salah jeung nu nyababkeun kasalahan kalimah. 7. Guru nitah murid maca ringkesan bacaan.

E. Ngalarapkeun Kecap Rajékan No.